Kapolres Majalengka Mingpin Upacara Sertijab PJU jeung Kapolsek

- 20 Juni 2023, 13:11 WIB
Kapolres Majalengka mingpin Sertijab  sabaraha Pejabat Utama (PJU) Polres Majalengka jeung Kapolsek di Lapangan Upacara Polres Majalengka, Senen beurang (19/06/2023).
Kapolres Majalengka mingpin Sertijab sabaraha Pejabat Utama (PJU) Polres Majalengka jeung Kapolsek di Lapangan Upacara Polres Majalengka, Senen beurang (19/06/2023). /

GALURA - Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., mingpin Upacara Serah Terima jabatan (Sertijab) sabaraha Pejabat Utama (PJU) Polres Majalengka jeung Kapolsek di Lapangan Upacara Polres Majalengka, Senen beurang (19/06/2023).

Ieu Upacara Sertijab nu dipimpin ku Kapolres Majalengka diluuhan ku Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K., Pejabat Utama, Kapolsek, perwira, personil katut ASN Polres Majalengka.

Kapolres Majalengka, nyebutkeun, aya tilu Pejabat Utama katut opat Kapolsek nu ngalaksanakeun Sertijab harita. Kabag Ops Polres Majalengka ti Kusdinar Idris Rozaly, S.H., M.M., ka AKP Jaja Gardaja, S.H.; Kasat Reskrim Polres Majalengka ti AKP Febry Halomoan Samosir, S.I.K.,M.H., M.Si. ka AKP Muhammad Firmansyah, S.I.K., jeung diangkatna AKP Asep Ashari jadi Kasat Binmas Polres Majalengka.

Baca Juga: Masarakat Ngaapresiasi Bakti Sosial Polri Mapag HUT ka 77 Bhayangkara

Kapolsek Kadipaten ti AKP Jaja Gardaja, S.H. ka AKP Nana Suhana; Kapolsek Majalengka ti AKP Fiekry Adi Perdana, S.I.Kom., ka IPTU Iwan Sutari, S.I.P.,M.A.P; Kapolsek Lemah Sugih dicangking ku IPTU Wahid Rodise, sarta; Kapolsek Kasokandel ti IPTU Wahid Rodise ka IPTU Yuda Irawan.

Kapolres Majalengka ngungkabkeun, Sertijab teh hal nu wajar dina dinamika organisasi kapolisian, enggoning tarekah Tour Of Duty jeung Tour Of Area. “Jabatan nyaeta amanah sakaligus kapercaayaan," pokna.

Ku kituna, ceuk Kapolres Majalengka, satiap jabatan diperedih bisa nembongkeun kinerja panghadena sangkan mampuh mawa parobahan dina organisasi ka nu leuwih hade.

“Simkuring yakin tur percanten hal ieu tangtosna tos dilaksanakeun ku pejabat lami nu tos masrahkeun tugas oge tanggung jawab ka pejabat enggal,” ceuk Kapolres Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x