Masarakat Ngaapresiasi Bakti Sosial Polri Mapag HUT ka 77 Bhayangkara

- 20 Juni 2023, 11:40 WIB
Dina raraga HUT ka-77 Bhayangkara, digelar bakti sosial Polri.*
Dina raraga HUT ka-77 Bhayangkara, digelar bakti sosial Polri.* /

GALURA -Masarakat ngabageakeun bakti sosial Polri dina mapag Hari Ulang Tahun ka 77 Bhayangkara (HUT ka 77 Bhayangkara ka 77), 1 Juli 2023. Di antarana warga Desa Jatirejo, Jawa Timur

Salasaurang warga Desa Jatirejo, Istiqomah, nyebutkeun inyana warga lianna ngucap syukur ayeuna mibanda sumber cai beresih hasil tina bakti sosial Polri dina mapag HUT ka 77 Bhayangkara.

"Hatur nuhun Bapa Kapolri, pamugi dipaparin kasehatan, Polri semakin di hati," ceuk Istiqomah, Senen (19/6/2023). Inyana bungaheun pisan lemburna jadi tempat bakti sosial Polri dina raraga HUT ka 77 Bhayangkara.

Baca Juga: KA Comuter Cibatuan Senen Isuk-isuk 19 Juni 2023 Ngaret Sajam

Disebutkeun Istiqomah, geus lila warga Desa Jatirejo kakurangan cai beresih ditambah ku usum katiga. Masarakat kapaksa make sumber cai nu teu beresih, ngagunakeun cai ti walungan nu geus keumeuh.
.
"Masarakat leres-leres meryogikeun cai beresih. Sakali deui hatur nuhun Bapa Kapolri nu tos ngabantos desa simkuring mibanda sumber cai beresih. Dirgahayu Polri," ceuk Istiqomah.

Ketua ZGKII Papua, Pendeta Petrus Bonyadone nyebutkeun, masarakat Papua ngungkabkeun kabungahna sabab Polri bener-bener karasa di masarakat.

Inyanya ngucap syukur Polri geus ngabantu pangwangunan gereja. “Kalayan asma gereja Indonesia di Papua, simkuring ngahatur nuhunkeun ka Polri nu tos giat sosial Polri kangge pangwangunan," pokna.

Baca Juga: Mieling Milangkala ka 533 Kabupaten Majalengka, Kecamatan Majalengka Ngagelar Rupa-Rupa Kagiatan

Hal nu sarua diungkabkeun Penglingsir Puri Agung Jero Kuta, I Gusti Ngurah Jaka Pratidnya. Inyana oge ngahatur nuhunkeun ka rengrengan Polri nu geus ngecet pura nu aya di basisir.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah