Polres Majalengka Ngajaga Kamanan Gerak Jalan Santai di Jatiwangi, Runtuyan Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalen

- 16 Juni 2023, 07:00 WIB
Personil Gabungan Polres Majalengka katut Polsek Rayon Wilayah Utara ngajaga kaamanan Gerak Jalan Santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka  taun 2023, di Komplek Ruko Jatiwangi Square Kecamatan Jatiwangi Kabupaten Majalengka (15/06/2023).
Personil Gabungan Polres Majalengka katut Polsek Rayon Wilayah Utara ngajaga kaamanan Gerak Jalan Santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka taun 2023, di Komplek Ruko Jatiwangi Square Kecamatan Jatiwangi Kabupaten Majalengka (15/06/2023). /Ayank/Galura

GALURA - Personil Gabungan Polres Majalengka katut Polsek Rayon Wilayah Utara ngajaga kaamanan Gerak Jalan Santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka taun 2023. Tempatna di Komplek Ruko Jatiwangi Square Kecamatan Jatiwangi Kabupaten Majalengka, Kemis (15/06/2023)

Gerak Jalan Santai mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka jejernna_Rempeg Gawe Lanjutkeun Majalengka Raharja. Dipingpin langsung Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd. Lumangsung lungsur langsar di antarana alatan dijaga kamanana ku personil Polres Majalengka.

Kepala Polres Majalengka AKBP Indra Novianto, SIK., ditepikeun Kapolsek Jatiwangi Kompol H. Kustadi, SH nyebutkeun, ngajaga kamaanan Gerak Jalan Santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka ngaubkeun 53 Personil Gabungan Polres Majalengka katut Polsek Wilayah Rayon Utara.

Baca Juga: Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

"Dibantos unsur pangamanan sanesna. Satekah polah masihan rasa aman tur merenah kana ieu kagiatan, supados warga Kabupaten Majalengka tiasa ngaraoskeun sadaya runtuyan acara nu tos disusun ku panitia" ceuk Kapolsek Jatiwangi.

Kapolsek Jatiwangi netelakeun objek pangamanan lain ngan saukur kagiatan wae, tapi oge sarana pangrojong lianna saperti area parkir sarta hal sejenna nu mibanda potensi ngabalukarkeun gangguan kaamanan.

"Sinergitas sareng koordinasi mutlak kedah dilaksanakeun supados kagiatan tiasa lumangsung kalayan lungsur langsar, sakses tanpa ekses" ceuk Kapolsek

Gerak Jalan Santai dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka taun 2023, diluuhan ku Sekda Majalengka Drs. H. Eman Suherman MM, katut Unsur Forkopimda, Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Majalengka Dra. Hj. Dedeh Karna Sobahi, M.Mpd, sakumna Kepala OPD, sakumna Staf Ahli oge Asisten Daerah Lingkungan Pemda Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Fatayat NU Majalengka Diistrenan, Diluuhan Para Bacaleg nu bakal Tarung Padungdung dina Pemilu 2024

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x