Hari Jadi Kabupaten Majalengka Dumasar Mitos jeung ukur Dilelebah

- 1 Juni 2023, 08:08 WIB
Panday di Kabupaten Majalengka. Titimangsa Hari Jadi Kabupaten Majalengka dumasar mitos jeung dilelebah..
Panday di Kabupaten Majalengka. Titimangsa Hari Jadi Kabupaten Majalengka dumasar mitos jeung dilelebah.. /Nanang/Galura

GALURA – Tanggal 7 Juni teh milangkala atawa Hari Jadi Kabupaten Majalengka, taun 2023 ayeuna nu ka-533. Ngandung harti Kabupaten Majalengka teh geus aya ti taun 1490, lahir jaman Pajajaran. Geuning? Jawabanana: titimangsa Hari Jadi Kabupaten Majalengka: dumasar mitos, lain dumasar fakta sejarah.

Alatan dumasar mitos nu lain fakta sejarah tea teu aneh umur Kabupaten Majalengka buhun pisan, ngadeg jaman Pajajaran. Parasejarawan jeung budayawan Majalengka geus lila masualkeun titimangsa Hari Jadi Kabupaten Majalengka. Ngan ku pemda Majalengka jeung ku DPRD-na tacan dipalire.

Pangna Hari Jadi Kabupaten Majalengka disebutkeun dumasar mitos lantaran titimangsa jeung titincakanana lain fakta sejarah. Anu dipake titincakanana legenda nu sumebar di masarakat,  nu matak lahirna Kabupaten Majalengka oge jaman Pajajaran. Ari nu ngaranna legenda tangtu wae lain fakta sejarah sapanjang sumber primer, prasasti, titinggal arkeolog tacan kapanggih.

Baca Juga: Ngaraketkeun Ukhuwah, DPD PKS Kabupaten Majalengka Halal Bilhalal, Siap Tandang tur Unggul dina Pemilu 2024

Baheula cenah ka Karajaan Sindangkasih nu aya di wewengkon Majalengka ayeuna datang urang Cirebon. Pangna ka Sindangkasih teh rek neangan buah maja. Harita Cirebon keur keuna ku sasalad kasakit, ubarna cenah ku buah maja.

Di Sindangkasih, eta utusan teh kukurilingan neangan buah maja. Cenah disumputkeun kalayan gaib ku ratu Sindangkasih, Nyi Rambut Kasih. Pangna disumputkeun lantaran Cirebon keur meumeujeuhna ngalegaan wilayahna. Ari Sindangkasih masih bawahaan Pajajajaran.

Cirebon ngirim pasukanana. Karajaan Sindangkasih digempur tepi ka runtagna. Najan kitu angger wae urang Cirebon teu manggih buah maja. Prajurit nyarebut majane langka (majana langka). Lila-lila diucapkeun: majalengka, sarta dijadikeun ngaran daerah.

Naon patalina eta legenda jeung Hari Jadi Kabupaten Majalengka? Taun 1980, Pemda Majalengka ngabentuk tim keur nangtukeun Hari Jadi Kabupaten Majalengka. Eta tim dipingpin ku R.Ugon Sugandi WP sarta mindeng disebut Tim 22.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak I Juni 2023, Kabupaten Ciamis Jadi Kabupaten Galuh Ulah Ngikis Jati Diri Tatar Ciamis

Duka ti mana sumberna jeung datana, Tim 22 nyindekkeun runtagna Sindangkasih teh taun 1490. Ari tanggalna ti mana? Najan sarua taya bukti sajarahna, runtagna Sindangkasih teh ceuk Tim 22 bulan Muharam. Tanggalna, 10 Muharam. Nyokot tanggal 10 Muharam pedah tanggal 10 Muharam teh diciptakeunana alam semesta jeung Nabi Adam AS.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x