Polres Majalengka Ngungkab Kasus TPPO, Korban Ngahaturkeun Nuhun

- 10 Juni 2023, 07:18 WIB
Polres Majalengka ngungkab kasus tindak pidana perdagangan orang (TPPO)  modus pengiriman pekerja migran ilegal ka luar negeri, ka Malayasia.
Polres Majalengka ngungkab kasus tindak pidana perdagangan orang (TPPO) modus pengiriman pekerja migran ilegal ka luar negeri, ka Malayasia. /Ayank/Galura

GALURA - Polres Majalengka Polda Jabar ngungkab kasus tindak pidana perdagangan orang (TPPO) modus pengiriman pekerja migran ilegal ka luar negeri, ka Malayasia. Korban IS (33) warga Desa Karangsambung, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka.

Kepala Polres Majalengka, AKBP Indra Novianto, ditepikeun Waka Polres Majalengka Kompol Bayu Purdantono dina ieu kasus TPPO, IS diduga ditipu ka cara dijangjikeun digawe di Malaysia sacara resmi.

“Korban dimiangkeun ka Malaysia make jalur laut ti Batam, sarta samemehna dilatih heula kana pacabakan nu bakal dilakonana, teu dilatih heula basa deui,” ceuk Kompol Bayu nalika Konferensi Pers ngeunaan kasus TPPO di wilalayah Majalengka, di pakarangan Sat Reskrim Polres Majalengka, Jumaah (9/6/2023).

Baca Juga: Perang Bubat dina Carita Lisan di Desa Luragung Landeuh, Aya Putri nu Teu Milu ka Majapahit

Ulon-ulonna inisial MR (63) warga Desa Karangsambung, Kecamatan Kadipaten, Kabupaten Majalengka jeung inisial A (Laki-Laki) DPO. “Ngungkab kasus TPPO teh ujaning laku pamaredih Bapa Presiden dina ngaberantas kasus TPPO," ceuk Kompol Bayu.

MR nu ngarekrut korban sarta geus diamankeun jeung ditahan di Rutan Polres Majalengka jeung barang buktina.

"MR jeung A (DPO) dieurad ku Pasal 4 UU No.21 Taun 2007 ngeunaan Pemberantasan Tindak Pidana Perdagangan Orang dan atau Pasal 81 Undang - undang No 81 Taun 2007 ngeunaan Perlindungan Pekerja Migran Indonesia dengan ancaman penjara maksimal 15 (Lima Belas) taun," ceuk Kompol Bayu.

Disebutkeun Kompol Bayu, Polres Majalengka dina kasus TPPO geus ngayakeun tindakan preemtif oge preventif. Pihak kapulisian oge geus cumeluk ka masarakat ngaliwatan Media sosial, sakumna Kapolsek, Bhabinkamtibmas oge stakeholder lianna sangkan waspada kana TPPO.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak II Juni 2023, Ngaguar Kabupaten Majalengka nu Dijulukan Kota Pensiunan jeung Kota Angin

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x