Mieling Bulan Bung Karno di Gelora Bung Karno, Konsolidasi Akbar PDIP

- 24 Juni 2023, 10:00 WIB
Kader PDIP ti Majalengka, miang ka GBK, milua mieling Bulan Bung Karno di Gelora Bung Karno, Konsolidasi Akbar PDIP .
Kader PDIP ti Majalengka, miang ka GBK, milua mieling Bulan Bung Karno di Gelora Bung Karno, Konsolidasi Akbar PDIP . /Ayank/Galura


GALURA - Mieling Bulan Bung Karno, 100 rebu massa PDIP minuhan Gelora Bung Karno (GBK), Saptu, 24 Juni 2023. Mieling Bulan Bung Karno dilaksanakeun pikeun konsolidasi akbar oge kaasup nu pangbadagna kadua ti 1999 di tempat nu sarua.

" Mieling Bulan Bung Karno di Gelora Bung Karno teh nu pangbadagna kadua saentosna kaping 14 Februari 1999 dina konsolidasi nalika ngawanohkeun logo PDIP banteng bulat bersatu. Dina mieling Bulan Bung Karno sadayana kedah mampuh nembongkeun katartiban satu rampak barisan," ceuk Karna Sobahi, Ketua DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, nu oge bupati Majalengka.

Disebutkeun Karna, Bulan Bung Karno 2023 nu puncak acarana di Gelora Bung Karno mibanda jejer badag, Kepalkan Tangan Persatuan untuk Indonesia Raya. Ku kituna Megawati cumeluk nu kudu diregepkeun kader PDIP.

Baca Juga: Kemhan Meuli 12 Unit Mirage 2000-5 Urut ti Qatar Rp12 trilyun, TB Hasanuddin: Bisa Meuli Jet Tempur Anyar

"Nu kahiji, kader PDI Perjuangan ngajagi kadisiplinan. Nu kadua Partai ngapeloporan waste management._Jagi kabersihan salama acara hal nu utami,” ceuk Karna.

Sajumlah 400 kader PDI Perjuangan ti Majalengka miang ka Ibukota Jakarta pikeun miluan ngagumebyarkeun puncak acara mieling Bulan Bung Karno, Saptu (24/6/2024). Miangna, Jumaah (23/6/2023) peuting, make beus.

Di GBK, pamilon ngagunakeun atribut saperti geulang, topi nu geus disiapkeun panitia. "Eta sadayana difasilitasi ti ditu, beus, tuang, leueut, geulang, topi. Janten urang kantun siap kangge angkat wae," ceuk Karna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah