Di Daop 2 Bandung, KA Commuter Cibatuan 387 Panumpangna Dijejel

- 25 Juni 2023, 17:10 WIB
Panumpang KA Commuter Cibatuan 387 Daop 2 Bandung tepi kia kudu dariuk dina bordes hareupeun toilet (Ahad, 25 Juni 2023).*
Panumpang KA Commuter Cibatuan 387 Daop 2 Bandung tepi kia kudu dariuk dina bordes hareupeun toilet (Ahad, 25 Juni 2023).* /Nanang /Galura

GALURA –KA Commuter Cibatuan 387 relasi Garut – Purwakarta di Daop 2 Bandung nu miang Stasiun Garut jam 10:45 WIB, Ahad, 25 Juni 2023, panumpangna pajejel. Di Stasiun Nagreg, panumpang teh leber naricing di bordes nu saenyana mah teu beunang aya panumpangan.

Najan panumpangna geus pajejel, tapi di stasion nu dieureunana angger naekkeun panumpang, lain ukur di Stasiun Nagreg. Kawas di Daop 2 Bandung mah kareta pi commuter ukur aya KA Commuter Cibatuan 387. Atuh panumpang teh beuki pinuh wae, eta wae panto toilet oge kahalangan ku panumpang nu narungtung.

Sabada Stasiun Nagreg, KA Commuter Cibatuan 387 di Stasiun Cicalengka naekkeun deui panumpang, bari ngadagoan KA Commuter Cicalengka-Padalarang datang. Erel ganda tacan tepi ka Stasiun Cicalengka nu masih keneh asup ka Daop 2 Bandung.

Baca Juga: Kemhan Meuli 12 Unit Mirage 2000-5 Urut ti Qatar Rp12 trilyun, TB Hasanuddin: Bisa Meuli Jet Tempur Anyar

Sanggeus KA Commuter Cicalengka – Padalarang ngarongheap, KA Commuter Cibatuan 387 miang. Di Stasiun Haurpugur eureun, panumpang nu naek loba pisan, awewe lalaki, bari marawa budak. Kitu deui di Stasiun Rancaekek. Ari panumpang nu turun teu loba.

Panumpang KA Commuter Cibatuan 387, Ahad, 25 Juni 2023, diuk deukeut sambungan gerbong.
Panumpang KA Commuter Cibatuan 387, Ahad, 25 Juni 2023, diuk deukeut sambungan gerbong. Galura

Di Stasiun Cimekar, Gedebage jeung di Stasiun Kiaracoondong, anger naekkeun panumpang. Di Stasioan Kiaracondong panumpang nu naek leuwih loba. Panumpang metet di bordes di unggal gerbong. Di Stasion Kiaracondong nu turun saeutik.

Di Stasiun Cikudapateuh panumpang nu turun ti KA Commuter Cibatuan 387  teu rea. Kitu deui nu naek. KA Commuter Cibatuan 387 anjog ka Stasion Bandung jam 14:02 WIB. Anu turun loba, tapi anu naek oge leuwih loba. Eta wae di panto asup panumpang pajejel.

Najan KA Commuter Cibatuan 387 geus pajejel, tapi di Stasion Bandung Daop 2 Bandung, angger naekkeun panumpang nu sakitu lobana (25 Juni 2023).
Najan KA Commuter Cibatuan 387 geus pajejel, tapi di Stasion Bandung Daop 2 Bandung, angger naekkeun panumpang nu sakitu lobana (25 Juni 2023). Galura

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah