UMKM Expo Majalengka Raharja 2023, Tempat Promosi UMKM Kabupaten Majalengka

- 27 Juni 2023, 19:00 WIB
Bupati Majalengka katut tamu ondangan lianna nguriling oge nitenan langsung produk-produk UMKM nu dipamerkeun dina UMKM Expo Majalengka Raharja 2023 (26/06/2023).
Bupati Majalengka katut tamu ondangan lianna nguriling oge nitenan langsung produk-produk UMKM nu dipamerkeun dina UMKM Expo Majalengka Raharja 2023 (26/06/2023). /Ayank/Galura


GALURA - Ngawakilan Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., Kabag Ops AKP Jaja Gardaja, S.H., ngaluuhan Pembukaan UMKM Eexpo Majalengka Raharja 2023. Ieu teh runtuyan acara dina raraga mieling Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka, digelar di Lapang Pasar Lawas Majalengka, Senen (26/06/2023) sore.

UMKM Expo Majalengka Raharja 2023 dibuka ku Bupati Majalengka Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd. Diluuhan ku Wakil Ketua DPRD Prov Jabar Dr. Hj. Ineu Purwadewi Sundari, S.Sos., MM, Wakil Bupati Majalengka Tarsono D Mardiana, Unsur Forkopimda, Forum BUMD, sakumna kepala OPD, Camat. oge dihadiran ku pangunjung sarta pamilon UMKM ti sababaraha sektor.

UMKM Eexpo Majalengka Raharja 2023 nu digelar ti 26 Juni nepi 16 Juli 2023. Aya sababaraha kagiatan pikeun ngapromosikeun produk-produk unggulan UMKM lokal. Digumebyarkeun pintonan sababaraha artis saperti Ferra KDI, Kang Komar Preman Pensiun, Sunda Rancage, jeung pagelaran wayang golek Cepot Syiar ku Ki Dalang Andri Syahputra jeung sajabana.

Baca Juga: Stadion Si Jakal Harupat Kabupaten Bandung Salasahiji Tempat Piala Dunia U 17

Dina UMKM Eexpo Majalengka Raharja 2023 a oge kagiatan tabligh akbar, sholawatan, jeung ngadunga. Kabag Ops Polres Majalengka, AKP Jaja Gardaja, ngaapresiasi UMKM Expo Majalengka Raharja 2023. Inyana netelakeun pentingna kamotekaran sektor UMKM dina ngaronjatkeun paekonomian lokal jeung ngaberdayakeun masarakat.

"UMKM mibanda peran nu kawilang penting dina tumuwuhna paekonomian daerah. Ngalangkungan kagiatan sapertos UMKM Expo, urang sakumna tiasa ngarojong tur ngapromosikeun produk-produk unggulan UMKM Majalengka,” pokna.

Kabag Ops Polres Majalengka nyebutkeun pentingna kolaborasi antawis sektor UMKM, pamarentah, jeung aparat kapolisian dina nyiptakeun lingkungan nu aman tur kondusif pikeun kamotekaran UMKM.

Bupati Majalengka sacara simbolis muka Kagiatan Pameran UMKM Expo 2023. Kepala Dinas Ketenagakerjaan dan KUKM Arif Daryana dina laporanna, nyebutkeun UMKM Expo Majalengka Raharja 2023 lumangsung ti tanggal 26 Juni nepi 16 Juli 2023. Anu muka stand aya 110, UMKM, 75; perbankan, BUMD jeung padagang.

Baca Juga: Munaqosah Metode Ummi Madrasah Al Haq Ngawangun Generasi Qur'ani

Bupati Majalengka nyebutkeun UMKM Expo Majalengka Raharja 2023 pikeun ngawanohkeun produk-produk UMKM, boh produk sapopoe, kuliner, karajinan, boh karya seni. Ku ayana pameran dipiharep ngaronjatkeun UMKM.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah