Tb Hasanuddin Ngirim Bantuan keur Korban Kahuruan di Desa Silihwangi Bantarujeg

- 27 Juni 2023, 09:29 WIB
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan ka korban kahuruan di Blok Salawangi RT 07/ RW 01 Desa Silihwangi, Kecamatan Bantarujeg, Kabupaten Majalengka.
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan ka korban kahuruan di Blok Salawangi RT 07/ RW 01 Desa Silihwangi, Kecamatan Bantarujeg, Kabupaten Majalengka. /Ayank/Galura

GALURA -Anggota Komisi I DPR RI Mayjen TNI (p) Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan ka korban kahuruan di Blok Salawangi RT 07/ RW 01 Desa Silihwangi, Kecamatan Bantarujeg, Kabupaten Majalengka, nu kajadian Ahad (25/6/2023) sore.

Kang Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan sagemblengna Rp10 juta. Ari korban kahuruan di Desa Silihwangi Kabupaten Majalengka aya lima urang, jadi masing-masing meunang bantuan Rp2.

Bantuan disalurkeun ku staf katut tim Kang Tb Hasanuddin langsung ka lokasi, ka Desa Silihwangi,
dibarengan ku rengrengan PAC PDI Perjuangan Kecamatan Bantarujeg, Camat Bantarujeg, Kades Silihwangi, Babinsa sarta Seniman Satatar Majalengka (Sasama) Bantarujeg.

Baca Juga: Head Line Galura Cetak Edisi V Juni 2023, Mun Karuhun Nagih Jangji

Dina eta musibah kahuruan imah nu kaduruk aya 5, 2 di antarana tepi ka teu nyesa nanaon, nyaeta imah Ibu Nuah jeung Bapa Asep Sunandar. Tilu imah sejenna nu kaduruk nyaeta nu Bapa Engkos Koswara, Ibu Siska, jeung Bapak Otib Arifin (anggota Sasama).

"Rengse ngadangu musibat kahuruan, simkuring langsung ngutus staf ka lokasi kangge nyanggakeun bantosan pikeun korban. Alhamdulillah teu aya korban jiwa," ceuk Kang Tb Hasanuddin, legislator ti Dapil 9 (Sumedang, Majalengka, Subang). Inyana miharep eta bantuan bisa ngabantu ka korban nu keur nandangan musibah.

Ngawakilan korban kahuruan, Camat Bantarujeg, Nunung Nurlela ngahatur nuhunkeun kana bantuan jeung perhatianana Kang Tb Hasanuddin.

"Sadaya bantosan tos ditampi ku korban. Pamugi Kang Tb Hasanuddin dipaparinan kasehatan saterasna, dilancarkeun sagala rupi pamaksadanna, tur seueur rejekina," ceuk Camat Bantarujeg, nu dibarengan ku Kades Silihwangi, Asep Kurnia.

Baca Juga: Di Daop 2 Bandung, KA Commuter Cibatuan 387 Panumpangna Dijejel

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x