Ngistrènan 677 ASN, Bupati Bandung Umajak Paham Kana Visi Misi jeung RPJMD

- 28 Juni 2023, 15:28 WIB
Bupati Bandung ngistrenan ASN anyar (27/-6/2023).
Bupati Bandung ngistrenan ASN anyar (27/-6/2023). /Sopandi/Galura

GAlURA- Sajumlah 677 Aparatur Sipil Negara (ASN) nu myangking jabatan fungsional diistrènan Bupati Bandung Dr. HM. Dadang Supriatna di Gedung Moch Toha Pemkab Bandung, Soreang, Salasa (27/6/2023).

Ceuk Bupati Bandung, ieu 677 urang ASN anyar jeung asup kana jabatan fungsional mimiti efektif satutas diistrènan. "Arinyana didistribusikeun ka 31 formasi nu luyu sareng formasi nu tos ditangtoskeun sateuacanna," pokna.

Bupati Bandung miharep ASN nu anyar dilantik teh bisa tuluy babaktti ka bangsa katut nagara tur leuwih ngutamakeun pangladèn ka masarakat. Inyana umajak sangkan dina ngalaksanakeun pancenna museur jeung paham kana visi misi tur RPJMD (Rencana Pembangunan Jangka Menengah Daerah) katut tusi (tugas dan fungsi).

Baca Juga: Tokoh Agama Kawali Nolak Kabupaten Ciamis Diganti Jadi Kabupaten Galuh

Mun geus paham bisa ngalakukeun lèngkah-lèngkah inovasi keur ngawujudkeun Kabupaten Bandung Bedas (Bangkit, Edukatif, Dinamis, Agamis, Sejahtera).

Kepala Badan Kepegawaian dan Pengembangan Sumber Daya Manusia (BKPSDM) Kabupaten Bandung Drs. H. Akhmad Djohara nètèlakeun, ratusan ASN nu diistrènan tèh nyaèta guru, tanaga kasehatan jeung sakabèh pajabat fungsional.

Di Kabupaten Bandung, ceuk Ahmad Johara danget ayeuna kakurangan tanaga guru lumayan loba. "Unggal taun kana 1.200 dugi ka 1.500 pagawè nu pangsiun,” pokna.

Taun ieu, 1.046 ASN nu pangsiun teh ti tanaga kasehatan, guru jeung tanaga teknis. “Urang kedahna kenging formasi 1.046 urang,” pokna.

Baca Juga: Bupati Ciamis: Idul Adha Momentum Edukasi Ngabentuk Kapribadian jeung Kasolehan Sosial

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah