Tokoh Agama Kawali Nolak Kabupaten Ciamis Diganti Jadi Kabupaten Galuh

- 28 Juni 2023, 09:57 WIB
Tokoh agama di Kawali, Dr. H. Iif  Taufiq El Haque, S.Kep, Ners, M.H.Kes   teu satujueun ngaran Kabupaten Ciamis diganti jadi Kabupaten Galuh,
Tokoh agama di Kawali, Dr. H. Iif Taufiq El Haque, S.Kep, Ners, M.H.Kes teu satujueun ngaran Kabupaten Ciamis diganti jadi Kabupaten Galuh, /

 

 

GALURA -Tokoh agama di Kawali, Dr. H. Iif  Taufiq El Haque, S.Kep, Ners, M.H.Kes nyebutkeun sacara pribadi teu satujueun ngaran Kabupaten Ciamis diganti jadi Kabupaten Galuh. “Tos wae Kabupaten Ciamis, entong digentos janten Kabupaten Galuh,” pokna.

Ceuk Iif Taufiq El Haque, Galuh teh spirit, ajen-inajen, nu aya dina batin masarakat Kabupaten Ciamis. Leuwih hade teu dijadikeun ngaran kabupaten, Kabupaten Galuh. “Galuh teh cara para raja-raja di Tatar Ciamis nu ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara,” pokna.

Iif Taufiq El Haque nyebutkeun batan tanaga, pikiran jeung waragad dipake pikeun ngaganti ngaran Kabupaten Ciamis jadi Kabupaten Galuh, leuwih hade dipake keur ngabangun daerah, dipake keur ngaraharjakeun masarakat.

“Sakali deui Galuh mah spirit, ajen-inajen nu tos matri dina batin masarakat Ciamis,” pokna. Leuwih hade deui naon-naon nu dilakukeun ku raja-raja di Tatar Galuh keur ngamajukeun nagara, ngaraharjakeun masarakat dijadikeun sumber inspirasi ku parapamingpin di Tatar Galuh Ciamis.

Dipakahariwang mun engke dijadikeun ngaran kabupaten dangiang Galuh leungit, upamana wae pedah aya kajadian nu matak ngaragragkeung ngaran wewengkon.

Disagigireun eta, aya kahariwang ritual-ritual nu patojaiah jeung ajaran agama Islam mucunghul deui. Padahal ritual-ritualna lain bagean ajaran kagaluhan.

Tina kituna, Iif Taufiq El Haque, teu satujueun mun Kabupaten Ciamis diganti ngaranna jadi Kabupaten Galuh.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah