Dumasar Kalender Sunda, Taun Ayeuna Taun Setan

- 4 Juli 2023, 16:45 WIB
Kalender Sunda taun 1960 Saka. Tanggal 1 taun anyar 1960 Saka meneran poe Soma (Senen) 26 Juni 2023. Blanganana taun 1960 Saka teh angka 12, nu nuduhkeun setan, jadi taun ayeuna taun setan.
Kalender Sunda taun 1960 Saka. Tanggal 1 taun anyar 1960 Saka meneran poe Soma (Senen) 26 Juni 2023. Blanganana taun 1960 Saka teh angka 12, nu nuduhkeun setan, jadi taun ayeuna taun setan. /Nanang /Galura

GALURA –Dina pananggalan Sunda, ayeuna geus taun anyar, taun 1960 Saka. Tanggal hijina, 1 Kartika 1960, poe Senen atawa Soma, tanggal 26 Juni 2023. “Taun 1960 Saka taun hurang tutug, dumasar bilanganana: taun setan,” ceuk Mira, salasaurang tim Kalender Sunda.

Kacindekan taun ayeuna taun setan tina itungan tina poe tanggal 1 taun anyar Saka Sunda, Soma, nu dina Kalender Sunda bilanganana 12. Bilangan 12 teh nuduhkeun setan, jadi taun 1960 Saka taun setan kalayan shiona hurang tutug. Taun 1959 Saka kamari mah bilanganana 13 nuduhkeun bintang, sarta disebut taun bintang.

Mira nyebutkeun Kalender Sunda mopoyankeun sangkan dina taun setan, urang teu kabaud atawa teu ti kekebuh kana hal-hal nu teu hade, urang kudu kawas hurang tutug, shio taun 1960 Saka kalender Sunda. “Tempat hirup hurang tutug taya kasaba ku sato laut sejenna, ekslusif,” ceuk Mira.

Baca Juga: Upacara Adat Mapag Panganten Sunda, Hasil Motekarna Budayawan Wahyu Wibisana

Harti ekslusif di dieu lain hartina misahkeun maneh, henteu gaul, tapi nuduhkeun urang kudu pengkuh kana tangtungan, pengkuh nyeekel bebenaran, pengkuh nyekel aturan agama, henteu kabawa ku sakaba-kaba. Teu kapangurahan ku hal-hal nu teu bener.

Pikir ucap jeung lampah kudu tetep dina bebenaran, bebenaran nu luyu jeung kayakinan atawa agama nu dianut ku urang. Dina usum medso ayeuna, urang kudu ati-ati dina narima informasi, ulah percaya kitu wae jeung ulah tepi ka pangaruhan.

Ku naon urang kudu pengkuh dina nyekel bebenaran, leumpang urang salawasna kudu aya dina jalan bener, sangkan urang salamet di dunya jeung di aherat engke.

Urang di dunya hirup teh ngan sakolepat, jadi kudu utamakeun hirup dina jalan bener sarta salawasna nyieun kahadean ka sakumna mahluk, lain ukur ka papada manusa.

Baca Juga: Galura Cetak Edisi I Juli 2023, Ngertakan Bumi Lamba, Program Miara Lingkungan Warisan Luluhur Sunda

“Leresan dieu Kalender Sunda sanes mung ukur barendelan tanggal, poe, bulan sareng taun, tapi ngawengku sagala rupi kahirupan,” ceuk Mira. Naon-naon anu ditunjukkan ku kalender Sunda lain dumasar klenik, tapi dumasar siklus nu bisa diitung sacara matematis.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah