Bilal Tarawéhan, Panyumanget Jamaah, Malar Imam atawa Mamum Teu Poho Jumlah Rakaat Salat Tarawéh  

- 27 Maret 2023, 05:46 WIB
Tarawéhan, utamana di lembur-lembur, sok aya nu jadi bilal tarawéh minangka panyumanget ka jamaah, ogé malar imam atawa ma’mum teu poho jumlah rakaat solat tarawéh.*
Tarawéhan, utamana di lembur-lembur, sok aya nu jadi bilal tarawéh minangka panyumanget ka jamaah, ogé malar imam atawa ma’mum teu poho jumlah rakaat solat tarawéh.* / Dok. Pikiran-Rakyat.Com/

 

GALURA - Teuing ti mimiti jaman iraha. Geus ilaharna, ti béh ditu mula lagu tarawéhan di Kampung Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kac. Parongpong, Kabupaten Bandung Barat mah sok maké bilal.

Enya, éta nu sok ngajorowok kieu “Fadlon minnalloh..., allohumma sollialasayyidinna Muhammad...”, tuluy “assolatu sunnatan tarawehi rokataeni jamiatul rohimakumulloh...”

Atuh jamaah téh réang mairan kieu, “salamun alaih... assolatulaillahaillaloh...”

Ngajorowokna téh sabada rérés atawa selang dua rakaat.

Sakapeung aya nu kieu, mun sabada opat rakaat, éta bilal ngucapkeun “...wa badrun Muhammad...” atawa mun sabada 12 rakaat, bilal ngucap kieu “... kalifatul Abu Bakar Sidiq rodianlohuanhu...”

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

Satuluyna tepi rék ka rakaat 18-20, kalifah séjénna disebut nyaéta Ummar bin Khattab ra, Ustman bin Affan ra, jeung Ali bin Ali Thalib ra.

Anapon jamaah, mairanana téh ku ucap “...salamun alaih...” atawa aya nu ringkesna waé “...solamoleh...”

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x