Tarhib Ramadan 1444 H jeung Pawéy Obor DKM As Salaam, Maheutkeun Silaturahmi Warga

- 24 Maret 2023, 05:17 WIB
Kagiatan tarhib Ramadan ku ngayakeun pawéy obor alpukahna DKM As Salaam di Kompleks Antapani City Mas, Kota Bandung, dina raraga mapag Ramadan 1444 H.*
Kagiatan tarhib Ramadan ku ngayakeun pawéy obor alpukahna DKM As Salaam di Kompleks Antapani City Mas, Kota Bandung, dina raraga mapag Ramadan 1444 H.* /Dok. DKM As Salaam/

GALURA - Tarhib Ramadan ku ngayakeun pawéy obor minangka salasahiji cara ngabagéakeun Ramadan 1444 H.

Dipokalan ku DKM As Salaam jeung pangurus RT/RW, éta pawéy obor téh mapay jalan di budeureun Kompleks Antapani City Mas, Kota Bandung.

Sakumna warga, teu kolot teu budak, milu aub dina pawéy obor mapag Ramadan 1444 H.

Ari tarhib Ramadan téh gurat badagna mah boga harti ngabagéakeun datangna bulan suci Ramadan.

Ketua DKM As Salaam, Acep Purqon, mertélakeun, kagiatan pawéy obor dina tarhib Ramadan téh boga maksud, utamana pikeun barudak, sangkan mibanda kesan atawa pangalaman nu moal kapopohokeun.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa Poé Ka-2 Ramadan 2023 di Jawa Barat

Insyaallah, ku kituna sosobatan papada barudak tug tepi ka mangsa nu bakal kasorang baris tetep karawat.

"Lian ti éta, ieu tarhib Ramadan gé minangka sarana maheutkeun silaturahmi jamaah As Salaam katut warga di budeureun Antapani City Mas," pokna.

Acep Purqon gé ngébréhkeun, nguatkeun tatali silaturahmi papada warga téh geusan nguniangkeun kasadaran jeroning bulan Ramadan minangka bulan ibadah jeung sosial.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x