Mapag Ramadan 1444 H di Baitun Nidzom, Tumuwuhkeun Silipikanyaah ka Sasama

- 22 Maret 2023, 05:30 WIB
KH Ubaidillah AB, waktu tausiah dina acara Mapag Ramadan 1444 H di Ponpes Baitun Nidzom Al Islami, Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Ahad, 19 Maret 2023.*
KH Ubaidillah AB, waktu tausiah dina acara Mapag Ramadan 1444 H di Ponpes Baitun Nidzom Al Islami, Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Ahad, 19 Maret 2023.* /Dok. Baitun Nidzom/

 

GALURA - Acara Mapag Ramadan 1444 H di Ponpes Baitun Nidzom Al Islami lumangsung poé Ahad, 19 Maret 2023.

Kalawan tema "Menyambut Rahmat dan Magfiroh Allah Dengan Cara Menebar Kasih Sayang dan Saling Memaafkan Antar Sesama", prungna acara téh dimimitian ti bada lohor.

Sakumna jamaah Baitun Nidzom Al Islami, teu kolot teu budak, ngahadiran éta acara nu ogé nguntun jeung miéling Isra Miraj atawa Rajaban.

Kalawan hidmat, sakumna jamaah teuleum macakeun solawatan, laju tawasulan jeung marhabaan, geusan ngabagéakeun Ramadan 1444 H.

Dipasieup ku rupaning kamonésan pintonan barudak santri, Grup Hadroh Hadrotunnidzom, turta tausiah ti KH Ubaidillah AB sesepuh Ponpes Roudlotul Ulum, jeung Ki Ireng Maulana ti Ponpes Darul Ihsan.

Baca Juga: Munggahan di At Taufiq Cikaso, Ngabagéakeun Ramadan 1444 H ku Solawat

Ponpes Baitun Nidzom Al Islami téh perenahna di Kampung Karangsari, Desa Cihanjuang, Kec. Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Sesepuh Ponpes Baitun Nidzom Al Islami, Ustadz H Syihabudin Mahmud, nétélakeun, éta acara minangka kagiatan noron geusan mapag bulan Ramadan.

Dina prak-prakanana, teu weléh ngaubkeun sakumna warga.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x