Mawakeun dina Mapag Ramadan, Kiwari Kari Waasna

- 22 Maret 2023, 05:20 WIB
Tradisi mawakeun atawa silianteuran asakan ka anggota kulawarga, nu disusun tur diwadahan dina rantang, minangka tradisi nu dilakonan warga geusan mapag bulan Ramadan.*
Tradisi mawakeun atawa silianteuran asakan ka anggota kulawarga, nu disusun tur diwadahan dina rantang, minangka tradisi nu dilakonan warga geusan mapag bulan Ramadan.* /Poto: desk-jabar.PR/

GALURA - Méh loba tradisi dilakonan masarakat nalika mapag Ramadan.

Éta pirang-pirang tradisi nu dilakukeun ku warga téh ngeuyeuban khasna kaayaan ngabagéakeun bulan Ramadan.

Salasahiji tradisi nu mindeng dilaksanakeun enggoning mapag Ramadan téh nyaéta tradisi mawakeun.

Sakumaha daérah séjénna, di Bandung Raya gé ilahar masarakat ngalakonan tradisi mawakeun, utamana di padésaan.

Ceuk Ahmad Jaelani (55), inohong masarakat Desa Cihanjuang, Kecamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, mawakeun téh tradisi titinggal karuhun minangka pangbagéa datangna bulan Puasa.

Salasahiji hikmah tina tradisi mawakeun nyaéta maheutkeun tatali silaturahmi kulawarga.

Baca Juga: Tradisi Jaman Baheula di Ciamis, Kuramas di Sungapan Cai Piisukeun Puasa Bulan Ramadhan

Tradisi mawakeun ilaharna dilakukeun pidua atawa pisapoéeun bulan puasa.

Anggota kulawarga, upamana anak, munjungan ka kolotna, bari mawakeun asakan.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x