Ngabangun Kota Subang, Tuan Hofland cenah mah Katitisan Prabu Siliwangi

- 2 April 2023, 14:57 WIB
Patung Tuan Hofland di Museum Subang. Tuan Hofland aya nu nyebutkeun katitisan Prabu Siliwangi.
Patung Tuan Hofland di Museum Subang. Tuan Hofland aya nu nyebutkeun katitisan Prabu Siliwangi. /Nanang /Galura


GALURA –Ceuk sakaol Petter Willem Hofland atawa biasa disebut Tuan Hofland katitisan Prabu Siliwangi, lebah dieu Sri Baduga Maharaja. Naha? Alesanana Tuan Hofland teh nu ngababakan jeung nu ngabangun Kota Subang ayeuna.

Dipatalikeun jeung Prabu Siliwangi pedah Tuan Hofland nu naratas dibukana wewengkon nu saterusna eta wewengkon dingaranan Kota Subang lantaran di Kota Subang aya patilasan nu aya patalina jeung Subanglarang.

Di Kota Subang ceuk sababaraha sumber aya makam Subanglarang. Ari Subanglarang taya lian ti prameswari Prabu Siliwangi, siwi Ki Gedeng Tapa, mamangna Prabu Siliwangi nu diserenan daerah Pantura Cirebon. Ki Gedeng Tapa teh seuweu Prabu Nisakala Wastukncana.

Baca Juga: PLTA Cinangling Kabupaten Subang, Titinggal Jaman Kolonial Belanda, Saksi Kajayaan P & T Lands

Milih wewengkon Subang keur puseur pausahaan perkebunana (Pamanukan dan Tjiasem Land (P & T Lands), Tuan Hofland cenah diaping jeung dituduhkeun ku Prabu Siliwangi ku cara nitis ka raga badagana.

Tuan Hofland teh juragan P & T Lands. Lega pisan, salega wilayah Kabupaten Subang ayeuna. Tuan Hofland lahir di basisir Coromandel tahun 1802.

Biangna ngaranna Charlotte Meyer, ari bapana ngaranna Theodorus Hofland, kapten kapal. Pamajikan Tuan Hofland ngaranna Helena Maria van’t Wout (1811-1891), anakna dalapan. Tuan Hofland tilar di Subang taun 1872.

Perkebunana dipelakan eneh, karet, sisal, tapioka, kapuk, merica, coklat, kina, kopi jeung pare. Anu pangsuksesna mah Tuan Hofland teh ngabudidayakeun kopi sarta hasilna diekspor ka nagara-nagara Eropa.

Baca Juga: Mikawanoh Petter Willem Hofland, Tuan Tanah nu Kungsi Ngawasa Perkebunan di Subang, Jawa Barat

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x