Upacara Adat Mapag Panganten Sunda, Hasil Motekarna Budayawan Wahyu Wibisana

- 4 Juli 2023, 15:35 WIB
Upacara ada mapag panganten Sunda hasil rancagena budayawan Wahyu Wibisana suwargi, ngan ayeuna mah geus mengpar tina konsep Wahyu Wibisana.
Upacara ada mapag panganten Sunda hasil rancagena budayawan Wahyu Wibisana suwargi, ngan ayeuna mah geus mengpar tina konsep Wahyu Wibisana. /Nanang/Galura

GALURA -Dina bulan Rayagung, usum hajat, grup kasenian anu boga garapan upacara adat mapag panganten Sunda, nu kojona Lengser, rea job. Ngan loba nu tacan nyahoeun upacara adat mapag panganten teh diciptakeun ku budayawan teureuh Cisayong Tasikmalaya, Wahyu Wibisana suwargi.

Hiji mangsa, Wahyu Wibisana ku Gubernur Jawa diperedih nyieun upacara adat mapag pangantén Sunda, keur ngariakeun nikahna putri Présiden Soeharto, Siti Hardijanti ka Indra Rukmana, jajaka teureuh Garut. Acarana digelar di Istana Presiden Bogor.

Memeh ngagarap upacara adat mapag panganten has Sunda, Wahyu Wibisaba, ngadadarkeun heula garapan ka sababaraha inohong seni katut budayawan Sunda. Mimitina rea nu ngarentog, ngan sanggeus dijentrekeun konsép anu disodorkeunana ditarima ku sakumna inohong, kaasup ku wawakil ti Cendana.

Baca Juga: Ngabangun Kota Subang, Tuan Hofland cenah mah Katitisan Prabu Siliwangi

Leunjeuran wangun garap (struktur) pintonan karesmén mapag panganten Sunda dimimitian ku Lengser, penari payung, baksa, gulang-gulang, jeung umbul-umbul, katut penari pohaci. Sumber garap gerakna nyoko kana ibing ponggawaan, ibing putri Rd Tjétjé Somantri, jeung ketuk tiluan.

Karawitanna nyoko kana tembang cianjuran, kawih, gending kiliningan, jeung degung.

Kalungguhan lengser dina éta karesmén mapag panganten Sunda teu pati géséh jeung Mamang Lengser dina carita pantun, jadi juru wawar, jeung numbukeun tatali batin antara nu di handap atawa pangagung dina ieu hal panganten jeung tatamu, atawa jeung nu nongton.

Dina garapan Wahyu Wibisana, ngibingma Mamang Lengser teu réa ceta, estu daria, dangdanan teu curang-cerong, éstu ngagambarkeun karakter sesepuh anu boga wibawa.

Baca Juga: Vanya Vibilla Andjani, S.I.Pol., Ngararancang Ngurilingkeun Pagelaran Teater Dewi Sartika

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah