Galura Cetak Edisi I Juli 2023, Ngertakan Bumi Lamba, Program Miara Lingkungan Warisan Luluhur Sunda

- 4 Juli 2023, 11:22 WIB
Galura cetak edisi I Juli 2023, ngaguar panarekan miara lingkungan Ngertakeun Bumi Lamba.
Galura cetak edisi I Juli 2023, ngaguar panarekan miara lingkungan Ngertakeun Bumi Lamba. /Nanang S/Galura


GALURA –Galura cetak edisi I Juli 2023, ngaguar panarekan atawa pendekatan dina ngajaga, miara, jeung ngamumule lingkungan nu dijalankeun ku luluhur Sunda. Panarakenana: Ngertakeun Bumi Lamba, nu dirumuskeun sacara tehnis ku Prabu Niskala Wastukancana, raja di Karajaan Sunda Galuh.

Dina Galura cetak I Juli 2023, disebutkeun Prabu Niskala Wastukancana jadi raja di Karajaan Sunda Galuh salila 104 taun. Inyana dipuji pisan ku nu nulis Carita Parahyangan. Inyana mampu ngolah nagara ngeuyeuk dayeuh sarta rajayatna raharja. Salasihiji panarekanana: geten tulaten ka alam nu beh dieu disebut Ngertakeun Bumi Lamba.

Anu disebut Ngertakeun Bumi Lamba, tulis Galura cetak I Juli 2023, teh, harmonisna hubungan manusa jeung alam. Sakumaha nu dicontoan ku Prabu Niskala Wastukancana dina mingpin Karajaan Sunda Galuh, manusa lain ukur kudu ngajaga hubungan hade jeung papada manusa tapi oge jeung sakur mahluk: tutuwuhan, sasatoan malah jeung mahluk nu teu nyawaan.

Baca Juga: Tamba

Mun sakumna manusa geus bisa ngajaga hubungan hade jeung sakumna mahluk, kaasup jeung mahluk gaib, karaharjaan nakal kajontal. Lain ukur kahontal ku manusa tapi oge ku sakumna mahluk, kaasup ku mahluk nu teu nyawaan, saeprti tanah, angina, hawa, jeung sajabana. Kitu anu dgiguar dina Galura cetak I Juli 2023.

Tulisan sejenna dina Galura cetak I Juli 2023, dina rubrik Warna-warni, ngeunaan nonoman Sunda nu jadi Tarzan di Bengkulu. Eta nonoman cicing di kebon bogana nu legana dua hektar, dipelakan kalapa sawit jeung bungbuahan. Lahanna teh jauh ka ditu k adieu, sasat di jero leuweung simagonggong.

Rubrik Nyukcruk Galura medar ngeunan Geger Pacinan taun 1740, waktu VOC ngayakeun opresasi razia ka urang Tionghoa, alatan dianggap nyieun wae masalah. Padahal tadina ku VOC, urang Tionghoa teh diistimewakeun. Urang Tionghoa ku VOC dihiap-hiap sina dumuk di Batavia.

Macangkarama midangkeun tokoh anu ahli tarawangsa: Indra Budiaji, M.Pd nu dumuk di Lembang Kabupaten Bandung Barat. Indra kungsi milu muhibah budaya ka mancanagar, kaasup ka Jepang. Di mancanagara, seni jeung budaya Sunda kacida diajenan pisan.

Baca Juga: Mieling Hari Bhayangkara ka 77 taun 2023, Polres Majalengka Ziarah jeung Tabur Bunga di TMP Sawala Kadipaten

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x