Saniskara Tarèkah Ngadalian Inflasi di Kabupaten Bandung

- 28 Juni 2023, 16:27 WIB
Asisten Bidang Perekonomian dan Pembangunan Sekretariat Daerah Kabupaten  Bandung H. Marlan nètèlakeun, saniskara tarèkah Pemda Kabupaten Bandung pikeun ngadalian inflasi.
Asisten Bidang Perekonomian dan Pembangunan Sekretariat Daerah Kabupaten Bandung H. Marlan nètèlakeun, saniskara tarèkah Pemda Kabupaten Bandung pikeun ngadalian inflasi. /Sopandi/Galura

GALURA -Bupati Bandung Dr. HM Dadang Supriatna nu ditepikeun ku Asisten Bidang Perekonomian dan Pembangunan Sekretariat Daerah Kabupaten Bandung H. Marlan nètèlakeun, saniskara tarèkah Pemda Kabupaten Bandung pikeun ngadalian inflasi di Kabupaten Bandung. Lengkah nyatana di antarana ngamonitoring hahargaan di pasar kaasup langka henteu kabutuhan masarakat.

Iwal ti kitu, Pemda Kabupaten Bandung ogè ngaintervensi program nu aya di dinas-dinas. Upamana baè di Dinas Ketahanan Pangan dan Perikanan (Dispakan) Kabupaten Bandung sina ngajual bahan pokok murah sangkan inflasi di Kabupaten bisa dikadalian.

Pemda Kabupaten Bandung ogè, ceuk Marlan, taun ieu gawè bareng jeung Badan Pusat Statistik (BPS) ngitung inflasi di Kabupaten Bandung. "Ku margi salami ieu, inflasi di Kabupaten Bandung ngiring nurut ka Kota Bandung. Saageung naon waè ngintervensi, upami ètanganana Kota Bandung tetep wè masih luhur," ceuk Marlan di Soreang, Salasa (27/6/2023).

Baca Juga: Ngistrènan 677 ASN, Bupati Bandung Umajak Paham Kana Visi Misi jeung RPJMD

Itungan inflasi ceuk Marlan dumasar ka kota-kota pangdeukeutna. Di Jawa Barat patokanana aya di salapan kota. Najan kitu, "Urang kènging ngètang soranmgan, nya taun ieu rukun gawe antawis BPS sareng Bappelitbangda katut Dinas Kominfo Kabupaten Bandung, " pokna.

Marlan miharep ku ngitung sorangan inflasi Kabupaten Bandung aya sahandapeun Kota Bandung.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah