Tamba

- 4 Juli 2023, 10:23 WIB
/

Carpon Emha Ubaidillah

Raksaksa ceurik.
Genclang jarum-jarum lir parebut ngagaléntoran pupucukan karét. Kawas nyaho pisan kumaha tatangkalan ngarangranganana alatan katiga nu ngagayem sababaraha purnama. Kalakay-kalakay anu nyimbutan amparan lemah handapeun kanopi karét. Ayeuna jibreg saterusna méré ombér ka cacing, kalajengking, léntah jeung pacét nguliat nyusud hakaneun ka ditu ka dieu. Sang Raksaksa ahirna limpeu ogé. Beungeut langit, ngabiru laut deui.

Luhureun wahangan rubak, kingkilaban ngawekaskeun gondéwa cahaya tujuh warna. Warga kampung bantaranana percaya mun saaleutan widadari sok nyimpang. Ngiuhan dina linduk rungkun haur pugur, berenuk jeung tatangkalan badag tanpa ngaran. Maranéhna teu sadar, mun Nu Kawasa geus nurunkeun widadari, Kingkilaban Layung ngaranna. Ngaran pangleler nu jadi kolotna. Kingkilaban Layung téh tangtungan lenggik guru SD nu umurna karék jejeg dua puluh lima taunan.

Warga kampung geus kapalang ngalandi Ambu Guru, nafaul tina nénéh banjar karang pamidangan, sasatna nagri peuntas alias Parahyangan. Lain sakadar diaranggap guru malah lain saguru-guruna. Maranehna nganggap Ambu Guru saktimandraguna. Keur maranéhna mah lian ti guru keur nu jadi barudakna ogé mantri anu hébat.

Teu pira, basa karak sataun ngadampal buruan SD sarta ngawanohkeun diri ka para calon muridna, ujug-ujug aya murid anu gegerungan bari nyekelan beuteung. Rohang kelas téh geunjleung raribut. Di rohang guru, Ambu Guru faham ti batur salemburna yén muridna anu gering téh maksakeun sakola padahal geus pulang anting waé ka pacilingan balukar nyalingit beuteung.

Tiluan dihiras sina ngabecir ka imahna sangkan mawa uyah jeung gula bodas keur bahan oralit. Nilan, budak nu katarajang disentri sempet molohok nyakitu barudak katut ka guru anu séjénna. Pedah ngadéngé kecap oralit. Anéh, kawasna. Basa didatangan kulawarga Nilan, Ambu Guru rada geumpeur, malah lilinieun sagala. Tapi ujung-ujungna mah berekah ngemplong. Horeng nganaruhunkeun alatan Nilan ngajérégjég cageur.

Saterusna ngaririm béas lengkep jeung lalab katut ka beubeutian. Malah teu kapalang, Ambu Guru nampa kiriman cuka para, sarupa jeung aér keras paragi nyitak karét méméh siap dipasarkeun. Maranéhna nyangka mun Ambu Guru sok pirajeunan nyadap karét. Ka dieunakeun karék engeuh mun kulawarga Nilan téh, asup kana kekentong puak samalah indungna mah tabib warga anu dihalormat. Ambu Guru jadi sohor salaku juru tamba anu masagi.

Bareng jeung geleserna matapoé di buruan jomantara, Ambu Guru kudu narima kanyataan nu teu diduga ti saméméhna. Wayahna dunya medis kudu diteuleuman, pulang anting ka apoték geusan balanja obat. Geuning teu gampang ngayakinkeun obat ka warga téh lantaran geus leuwih ti heula oralit dipercaya salaku ramuan rasiah Ambu Guru. Ahirna kumaha?

Manéhna gentak konsultasi jeung para dokter, para ahli hérbal katut ka sobat-sobat anu titén kana kaséhatan. Ambu Guru ngaracik obat. Bahanna tina beubeutian jeung aakaran. Disimpen jeroeun botol sarta bisa digunakeun dina jarak waktu bubulanan. Obat racikan Ambu Guru pada nelah akartamba sarta dipercaya mampuh ngungkulan rupa-rupa panyakit.

Ambu Guru sadar mun nagara ngirim manéhna lain keur jadi mantri atawa perawat tapi keur jadi guru. Sangkan kawajibanana cumpon tanpa ngaharé-harékeun pangabutuh warga anu perelu uubar, manéhna ménta bantuan tatangga, Kocih ngaranna. Randa péot tapi kahot tukang dagang lalab jeung sampeu manihot. Teu méakkeun waktu lila, Kocih mémang cerdas mampuh ngungkulan paménta warga anu keur katarajang panyakit. Di pihak séjén, Ambu Guru ogé lain teu boga masalah.

“Wah kabébénjokeun ku segut ngala duit tina ladang racikan obat kitu mah, bisa-bisa PNS anyar téh ngaluli-luli barudak sakola-na.” Sora huruwas-haréwos batur sakantor geus mimiti ngarérab daun ceuli Ambu Guru.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Gonjak Asmara

30 Januari 2024, 14:00 WIB

Potret Aki-Aki Tumpak Munding

22 Januari 2024, 11:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah

x