GALURA -Seni Parebut Seeng asalna tina tradisi kaom jawara ti paguron Penca Cimande. Miangna tina ibing penca anu ilahar disebut penca kembang, pédah dina panggung pintonan anu dipidangkeunna ngan wungkul ibingan, atawa kembangna.
Seni Parebut Seeng biasa dipintonkeun dina mapag panganten lalaki. Jawara ti pihak calon panganten awewe mawa seeng ku cara digandong sarta kudu bisa direbut ku jawara ti pihak calon panganten lalaki. Mun teu bisa direbut ijab kobul bolay.
Dua jawara tarung pautunggulan marebutkeun seeng. Teu lila da Seni Parebut Seeng mah simbolis wungkul. Seeng nu dibawa ku jawara ti pihak calon panganten awewe bisa direbut ku jawara ti pihak panganten lalaki, sarta ijab kobul bisa dilaksanakeun.
Baca Juga: Tarompet Sunda: keur Kendang Penca, jeung keur Sisingaan
Baca Juga: Indra Budiaji, M.Pd.: Tarawangsa jeung Binih Paré
Baca Juga: Dogdog Lojor, di Tatar Sunda, keur Nganteur Nyi Pohaci ka Leuit dina Ritual Seren Taun
Kendang penca dina Seni Parebut Seeng karasa kemprang jeung sentugna, koléar tarompét anu dilamus mungguh ngageterkeun rasa. Anu geus remen ancrub kana pakalangan penca mah mun ningali seni Parebut Sééng, ngadadak hayang usik.
Seni Parebut Seeng téh dadasarna penca atawa maénpo, anu usikna euyeub ku jurus-jurus pikeun béla diri. Kabéhdieunakeun Seni Parebut Seeng maké pirigan tur jurus-jurusna téh dironcé, diropéa, diranggeuskeun tepi ka boga pola anu mandiri.
Pola-pola ibinganna nyoko kana tepak, di antarana tepak dua, tepak tilu, golémpangan, jeung padungdung. Réngkakna angger maké jurus anu sok biasa dipaké dina penca eusi atawa dina maénpo.
Juruna teh kuda-kuda, pasang sajajar nutup, gilir, giles, soja, kelid, sérong, bendung, gésoh, salin, dépok, muka, rincik, deku sepak, gantung jeung sajabana.