GALURA -Masantren jaman genting, karasa teu amanna teh. Sabaraha kali, Mama Cikendal, rek ditewak ku tentara Belanda nu markasna aya di daerah Malangbong, Kabupate Garut.
Tentara Belanda ngakalakeun Mama Cikendal lantaran Mama Cikendal, tokoh agama nu wangkelang kana kawijakan pamarentah kolonial jeung mangaruhan masarakat ulah biluk ka Belanda.
Pasantren Cikendal mangsa harita dipake basis perjoangan masarakat keur ngalawan Belanda. Katurug-turug deuih, mangsa harita Belanda keur satekah polah meruhkeun Pangeran Diponegoro.
Baca Juga: Tajug Cikendal di Cioray Tengah, Kecamatan Kersamanah Kabupaten Garut, Ngandung Ajen Sejarah (1)
Baca Juga: Kagum dengan dr. Richard Lee, Inara Rusli Puji dr. Richard Pecahkan Rekor Omzet Rp8 M di Shopee Live
Baca Juga: PC SPAI FSPMI, Kapolres Majalengka, K2UKM, jeung Satpol PP Ngado Bako, Nyawalakeun Hak Pagawe
Sabaraha kali di wewengkon Cioray nu ayeuna dipake jalur Bandung-Tasikmalaya via Malangbong, Mama Cikendal perang campuh jeung tentara Belanda.
Teu saeutik, santri katut warga masarakat nu gugur, teu saeutik deuih tentara Belanda nu tiwas najan alam harita, bangsa urang perang ngalawan penjajah ukur ngandelkeun bambu runcing, jeung pakakas sejenna.
Sanajan pakakas perang basajan, tapi ku linuhungna elmu panemu nu diagem ku Mama Cikendal dina waktuna perang mah teu burung tentara Belanda kateter.