Desa Kersamanah (4), Ustadz Mangsyur: Nu Mimimiti Ngababakan Lain Eyang Sacaruddin tapi Eyang Puramanggala

- 7 Agustus 2023, 11:52 WIB
Ustad Mangsyur: nu leuwih ti heula ngababakan di wewengkon Kersamanah, lain Eyang Sacaruddin, tapi Eyang Puramanggala.
Ustad Mangsyur: nu leuwih ti heula ngababakan di wewengkon Kersamanah, lain Eyang Sacaruddin, tapi Eyang Puramanggala. /

GALURA -“Lain Eyang Sacaruddin, tapi Eyang Puramanggala nu leuwih ti heula ngababakan di wewengkon Kersamanah mah,” ceuk Ustad Mangsyur, salasaurang tokoh agama jeung tokoh masarakat di Desa Kersamanah, Kabupaten Garut.

Ustadz Mangsyur nyebutkeun Eyang Sacarauddin mah beh dieu datangna ka wewengkon nu kiwari dingaranan Desa Kersamanah, salasahiji desa nu buhun di Kabupaten Garut mah, kabawah ka Kecamatan Kersamanah. Eyang Puramanggala anjog ka Kersamanah jauh samemeh Eyang Sacaruddin.

Teu ngahaja nyalusur sejarah Desa Kersamanah, Ustadz Mangsyur bisa nyindekkeun Eyang Puramanggala nu munggaran ngababakan di Desa Kersamanah Kabupaten Garut lain Eyang Sacaruddin teh.

Baca Juga: Desa Kersamanah (1) Eyang Sacarudin ti Demak Nutur-nutur Hiberna Manuk Titiran

Baca Juga: Desa Kersamanah (2) Tadina Leuweung Gerotan, Panonoban Rampog jeung Garong

Baca Juga: Desa Kersamanah (3) Gegedug Gorombolan nu Gangas Serah Bongkoan ka Lurah Yahya

Kasurupan

Ujaring carita, hiji waktu di Kampung Ciarog, ayeuna kaereh ka Desa Kersamanah, aya warga nu geus aya opat poena kasarumahan atawa kasurupan. Geus langlayeuseun pisan, maklum teu kararaban sangu saremeh-remeh acan. Teu nginum cai saregot-regot acan.

Kulawargana, dibantuan ku tatanggana, bur-ber neangan nu bisa, menta cai nu diinumkeun, menta jampe-jampe, weleh nu gering teh teu cageur-cageur. Ras warga teh inget ka Ustadz Mangsyur gancang disusulan. Najan kekepehaan teu rumasa boga kabisa, Ustadz Mangsyurbareng jeung nu nyusulan gancang muru ka imah nu gering.

Basa datang, nu gering neuteup seukeut ka Ustadz Mangsyur, pok nyarita:”Tah, ku budak ieu mah kaula daek mulang, mihape incu turunan kaula.” Nu dimaksud budak teh, nyatana Ustad Mangsyur.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x