Pemkab Garut Taki-Taki Nyanghareupan Musibah Alam, Antisipasi Embaran ti BMKG, KemenPURR jeung BIG

- 14 Februari 2023, 15:30 WIB
Garut taki-taki nyanghareupan potensi bencana alam antisipasi embaran ti BMKG
Garut taki-taki nyanghareupan potensi bencana alam antisipasi embaran ti BMKG /

GALURA - Pemkab Garut taki-taki nyanghareupan datangna musibah alam cara caah atawa banjir jeung longsor di Jawa Barat hususna Garut.

Eta lengkah teh minangka antisipasi kana embaran ti Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Jawa Barat, patali jeung prakiraan daerah potensi bencana banjir Pebruari ayeuna nu dikaluarkeun ku Badan Meteorologi, Klimatologi dan Geofisika (BMKG) gawe bareng jeung Kementerian Pekerjaan Umum dan Perumahaan Rakyat (KemenPURR), sarta Badan Informasi Geospasial (BIG).

Nurutkeun surat ti BPBD Jawa Jawa Barat, Garut kaasup wilayah nu boga potensi ditarajang musibah alam kawas banjir jeung longsor.

Baca Juga: Simulasi Nyanghareupan Bencana Alam keur Budak Sakola Digelar di Garut

Baca Juga: SMK Mekarmukti Cijayana Garut Boga Toko Dingaranan SMK Mart, Ieu Harepan Wakil Bupati Helmi Budiman

Baca Juga: 442 Rutilahu di Garut Baris Meunang Stimulan nu Gedena Rp 17,5 juta, dina Raraga Hari Jadi ka-210 Kota Intan

Pikeun ngaantisipasi eta musibah, Sekretaris Daerah Nurdin Yana langsung ngaluarkeun embaran ka unggal camat pikeun taki-taki jeung sing iatna.

Lengkah antisipasi eta diperelukan pisan, sabab di Garut aya 22 kacamatan nu potensi musibah alamna kawas caah, longsor  kawilang gede.

Wewengkon nu ditujul teh antarana wae  Kecamatan Banjarwangi, Bayongbong, Caringin, Cibalong, Cibatu, Cikajang, Cikelet, Cilawu, Cisompet. jeung  Cisurupan.

Baca Juga: Sompral, Suaban Ngandung Gambaran Kasombongan, Kudu Disinglar, Matak Cilaka

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x