442 Rutilahu di Garut Baris Meunang Stimulan nu Gedena Rp 17,5 juta, dina Raraga Hari Jadi ka-210 Kota Intan

- 11 Februari 2023, 13:30 WIB
Sekretaris Daerah Garut Nurdin Yana ngebrehkuen yen 442 rutilahu rek meunang situmulan/Diskominfo Garut
Sekretaris Daerah Garut Nurdin Yana ngebrehkuen yen 442 rutilahu rek meunang situmulan/Diskominfo Garut /

GALURA - Pemkab Garut baris mere stimulan keur ngomean rumah tidak layak huni (rutilahu) nu jumlahna 442 dina taun ieu.

Digolontorkeunana stimulan keur ngomean imah nu geus teu merenah dieusian atawa rutilahu teh, dina raraga mieling Hari Jadi ka 210 Garut.

Ari alokasi dana stimulan keur rutihanuna, Rp 17,5 jutya per imah. Sakurangna, bakal dibantuan ku OPD nu aya patalina, pamarentahan kacamatan jeung desa/kelurahan.

Baca Juga: Kawali Jadi Puseur Karajaan Sunda Galuh, Ngahiji jeung Karajaan Sunda Puseur Karajaan Pindah ka Pakuan

Baca Juga: Kawali, Puseur Karajaan Galuh Embaran ti Prasasti Kawali I jeung ti Carita Parahyangan

Baca Juga: Dina Momen HPN 2023, Ieu Harepan Kadiskominfo Kabupaten Bandung keur Wartawan

"Total stimulan ti Pemkab Garut sadayana kirang langkung Rp 8 milyar. Kakiranganna engke janten tanggel waler SKPD, camat sareng lurah," cek Sekreratis Daerah Pemkab Garut Nurdin Yana, Jumaah 10 Pebruari 2023 kamari.

Nurdin Yana netelakeun, dina raraga mieling Hari Jadi ka 210 Garut, pamarentah baris ngagelar rupaning kagiatan atawa acara nu dipiharep bisa ngabagjakeun rayat Garut.

Hiji di antarana nu langsung jadi agenda Pemkab Garut nyaeta ngomean rutilahu nu nepi ka ayeuna can bisa kaungkulan.

Baca Juga: Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x