Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi

- 5 Februari 2023, 16:30 WIB
Pituduh ngeunaan imah adat nu aya di Cikabuyutan Ciburuy/Galura/Aam PS
Pituduh ngeunaan imah adat nu aya di Cikabuyutan Ciburuy/Galura/Aam PS /

GALURA - Di Tatar Sunda aya sawatara kabuyutan nu meunang panangtayungan ti pamarentah sangkan teu tumpur. Hiji di antarana nyaeta Kabuyutan Ciburuy di Kabupaten Garut.

Jeung enyana Kabuyutan Ciburuy teh kaasup hiji tina sawatara cagar budaya atawa situs nu geus ditangtayungan ku Pamarentahan Provinsi Jawa Barat, nu aya di wewengkon Garut. Di sebut hiji, sabab di Garut teh, cagar budayana kawilang rea.

Perenahna, Kabuyutan Ciburuy teh, sakumaha cek tadi, aya di suku Gunung Cikuray Desa Pamalayan, Kacamatan Cigedug.

Baca Juga: Di Palabuan Karajaan Sunda, Kapal-Kapal Niaga ti Mancanagara Larsup

Kabuyutan Ciburuy lain kabuyutan samanea. Cek kolot urang dinya, di kabuyutan nu dihartikeun barang atawa tempat kuno tea, rea barang titinggal jaman Prabu Siliwangi jeung Prabu Kean Santang.

Anapon barang titinggal karuhun teh antarana, wangunan atawa imah adat nu disebut Bumi Patamon jeung Bumi Padaleman, rupa-rupa keris, goong renteng, kitab kuno nu ditulis dina lontar jeung nipah, sarta naskah Sunda kuno kawasan Amanat ti Galunggung jeun Sewaka Darma.

Eta tempat jeung barang nu aya di Kabuyutan Ciburuy, cek kolot urang dinya, teu bisa sagawayah ditincak atawa dipake. Mun aya nu ngarempak, rea nu percaya, bakal ngadatangkeun mamala.

Baca Juga: Karajaan Sunda Kagolongkeun Karajaan Agraris tapi Dideudeul ku Maritim nu Kuat

Di Kabuyutan Ciburuy, aya imah adat nu wangunna beda ti imah sejen di Garut.

Suhunanana tina injuk, ngadeg dina lahan nu kawilang lega. Ari wangunanana mirupa imah gadang di Minangkabau, Sumatera Barat.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x