GALURA -Karajaan Sunda teh karajaan agraris, ngan dideudeul ku maritim nu kawilang maju. Kapal-kapal Sunda baradag, balayar ka Nusantara jeung ka mancagara.
Ceuk parasajarawan, Karajaan Sunda pangna kaasup karajaan agraris, lantaran boh rajana boh rahayatna ngandelkeun tina komoditas tatanen: huma atawa kebon. Najan kitu Karajaan Sunda teu mopohokeun maritim.
Saenyana hiji karajaan agraris nu ukur gumantung kana tatanen moal lila. Tapi ku sabab bari jeung mentingkeun maritim, Karajaan Sunda tepi ka runtagna mampu nanjeur 9 abad atawa 9 ratus taun leuwih
Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon
Nanang Saptono, arkeolog dina Pertemuan Ilmiah Arkeologi XIV di Hotel Novotel, Bogor, Jawa Barat (24-27 Juli 2017), nyebutkeun pangna Karajaan Sunda bisa tepi ka lumangsung 9 abad leuwih alatan Karajaan Sunda dideudeul maritim.
“Di Karajaan Sunda aya patugas Pangurang Dasa Calagra,” ceuk Nanang Saptono.
Pangurang Dasa Calagra teh patugas nu pacabakanana mulut pajeg di palabuhan nu kabawah ka Karajaan Sunda.
“Aktivitas kamaritiman Karajaan Sunda dina bentuk perdagangan jeung pelayaran lain ukur lokal (insuler) tapi oge perdagangan regional jeung internasional (interinsuler),” ceuk Nanang Saptono dina makalahna.
Pikeun ngadeudeul perdagangan insuler jeung interinsuler Karajaan Sunda mibanda sababaraha kota palabuhan, di basisir kaler jeung di basisir kulon.