Muka KLB, Dadang Supriatna : Asosiasi PSSI Kudu Boga Sasaran Nu Jelas

- 4 Februari 2023, 22:30 WIB
Bupati Bandung, Dadang Supriatna.*
Bupati Bandung, Dadang Supriatna.* /Sopandi/

GALURA- Bupati Bandung Dadang Supriatna, muka  Kongres Luar Biasa (KLB) PSSI  Kabupaten Bandung taun 2023, di Sekretariat Asosiasi PSSI, Komplek Stadion Si Jalak Harupat Kecamatan Kutawaringin Kabupaten Bandung, Saptu (4/2/23).


Ceuk Dadang, dina ngamajukeun olahraga maenbal butuh sinergitas pikeun ngahontal prestasi.

Baca Juga: Partai Gerindra Ngayakeun Pasanggiri Jaipongan Sa-Bandung Raya
"Asosiasi PSSI Kabupaten Bandung kudu boga tujuan jeung sasaran nu jelas, diimplementasikeun liwat program kagiatan nu nyata," ceuk Dadang.


Inyana miharep, KLB  jadi kasempetan penting pikeun PSSI Kabupaten Bandung  ngalakukeun evaluasi kana kagiatan nu tas dilakukeun, ngararancang aksi organisasi ka hareup.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris


Nurutkeun Dadang, maén bal di Kabupaten Bandung ngabutuhkeun reformasi pikeun kamajuan. 

Ku kituna, Dadang umajak ka sakumna jajaran PSSI Kabupaten Bandung pikeun ngamangfaatkeun Piala Dunia U-20 taun 2023 minangka wahana diajar ngeunaan manajemen maén bal.

Baca Juga: Ngasuh Tari Jaipong, Memey : Hoyong Ngamumule Seni Sunda


Patali eta hal, Dadang umajak pikeun ngawanohkeun ka mancanagara, masarakat Indonesia hususna Kabupaten Bandung kacida soméah ka para tatamu ti luar nagri.

"Sim kuring umajak ka  pangurus Asosiasi PSSI Kabupaten Bandung nu engké kapilih, kompak dina ngamajengkeun olahraga di Kabupaten Bandung," pokna.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x