Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi

- 5 Februari 2023, 16:30 WIB
Pituduh ngeunaan imah adat nu aya di Cikabuyutan Ciburuy/Galura/Aam PS
Pituduh ngeunaan imah adat nu aya di Cikabuyutan Ciburuy/Galura/Aam PS /

Dua imah nu aya di Kabuyutan Ciburuy teh sakumaha disebut tadi aya nu disebut Bumi Patamon jeung Bumi Padaleman.

Bumi Patemon teh minangka tempat paranti pertemuan atawa panglawungan warga adat, pikeun nyawalakeun rupa-rupa hal. Ieu imah, disebut oge bale panglawungan, sakaligus tempat nyimpen banda pusaka.

Baca Juga: Gala Premiere-na Poé Ieu, ‘Gita Cinta dari SMA’ Difilmkeun deui bari teu Mopohokeun 'Originalitas'

Beda jeung Bumi Patamon, bumi nu hiji deui nu disebut Bumi Padaleman, minangka wangunan karamat. Iwal ti pupuhu Kabuyutan Ciburuy, saha wae teu bisa asup ka Bumi Patemon. Dina bisana ge, baheula mah kudu meunang idin heula ti pupuhu adat.

Pangna teu sagawayah jalma bisa asup, sabab di Bumi Padaleman aya rupaning banda pusaka kayaning keris, bedog, kitab buhun kaasup nu dijieunna tina daun lontar jeung nipah nu ditaksir titinggal karuhun jaman Prabu Siliwangi jeung Prabu Kean Santang tea.

Ngeunaan kitab buhun di Bumi Padaleman, jumlahna teu kurang ti 750 lambar. Ngan tina jumlah sakitu teh rereana mah geus ruksak.

Baca Juga: Angkawijaya Ngiwat Pamajikan Panembahan Ratu, Surat Talak Ditukeuran ku Sindangkasih

Kitu teh Kabuyutan Ciburuy nu aya di Garut teh. ***

Catetena : Kanggo pamaca nu panasaran keneh kana artikel Kabuyutan Ciburuy, tiasa diaos dina Galura edisi citakna, Galura No 38. Pami peryogi koranna, tiasa ngahubungi pemasaran, Kang Endang Wahyu, WA 08156044854.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x