Ketak 25 Taun Komunitas Celah Celah Langit, Ngawujudkeun Komunitas Minangka ‘Rumah Keluarga’

- 4 Februari 2023, 17:30 WIB
Proses aktivitas kasenian di Komunitas Celah Celah Langit, di Gg. Bapa Eni, Belakang Terminal Ledeng, Jalan Setiabudi, Kota Bandung./DOK. KOMUNITAS CCL
Proses aktivitas kasenian di Komunitas Celah Celah Langit, di Gg. Bapa Eni, Belakang Terminal Ledeng, Jalan Setiabudi, Kota Bandung./DOK. KOMUNITAS CCL /

GALURA – Ketak 25 taun Komunitas Celah Celah Langit lir runtuyan carita ieu komunitas geusan ngawujudkeun ‘rumah keluarga.’

Rupaning proses kagiatan kalawan pangrojong warga budeureunana minangka hal nu kalintang pentingna pikeun Komunitas Celah Celah Langit enggoning ngagumelarkeun karya kreatif.

Najan hiji beungkeutan dina komunitas seni, tapi dina pirang-pirang ketakna, Komunitas Celah Celah Langit lain sakadar tempat hiburan.

Baca Juga: Wisata Kuliner di Kota Bandung, Iga Bakar Si Jangkung jeung Sate Gulai Kambing HM Harris

Aubna masarakat tur mateakeunana teu weleh jadi udagan Komunitas Celah Celah Langit kalawan mokus kana atikan, etika, sarta estetika.

Eta udagan teh dilarapkeun dina sakumna proses kreatif nu dilakukeun ieu komunitas nu perenahna di Gg. Bapa Eni, Belakang Terminal Ledeng, Jalan Setiabudi, Kota Bandung.

Sesepuh Komunitas Celah Celah Langit, Iman Soleh, mertelakeun, resmina mah ieu komunitas teh ngadeg ping 22 Mei 1998.

Baca Juga: Perkedel Bondon, Batagor Hanjuang Astina jeung Bubur Ayam Bejo Kosambi, Tilu Wisata Kuliner di Bandung

Ngan ari cikal bakal aktivitas kasenian di ieu lingkungan teh geus mucunghul ti awal taun 1980-an.

Paraseniman kayaning pelukis/sastrawan Acep Zamzam Noor, perupa Tisna Sanjaya, Marintan Sirait, aktivis teater Didin Sirojudin, Kristiawan, Ayi Kurnia, Kodrat, Tony Broer, jeung Tatang Abdullah, minagka entragan awal nu remen makarya di ieu komunitas.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x