Aleyra Festival Garutan 2023 Diayakeun, Ieu Cek Bupati Garut Rudy Gunawan

- 5 Februari 2023, 15:30 WIB
Bupati Garut ngabageakeun festival/Galura/Aam PS
Bupati Garut ngabageakeun festival/Galura/Aam PS /

GALURA - BUPATI Garut Rudy Gunawan mere perhatian nu gede tur daria kana acara “Aleyra Festival Garutan 2023” nu dicalagarakeun di Aleyra Hotel and Villa, Jalan Pembangunan Kacamatan Tarogong Kidul, Garut, Ahad 29 Januari 2023 sawatara waktu ka tukang.

Eta hal dibuktikeun ku hagetna Rudy Gunawan ngaresmikeun “Aleyra Festival Garutan 2023” sarta miharep acarana mayeng diayakeun.

“Sim kuring ngarojong pisan kana acara ieu, margi sae pisan. Ieu festival tiasa mingkin mekarkeun Industi Kecil Menengah (IKM) di Garut,” pokna.

Baca Juga: Palabuan-Palabuanna Ngarangrangan, Karajaan Sunda Jadi Hengker

Nurutkeun Rudy, Pemkab Garut salila ieu miharep jeung terus ngupayakeun malar IKM nu aya di Garut mekar jeung nu kalibet boga tempat keur mamerkeun produkna.

Kabeneran Aleyra Hotel and Villa boga karep jeung ide ngayakeun pameran dina acara nu disebut “Aleyra Festival Garutan 2023”. Jadi karep pamarentah jeung panitia nyambung, papada hayang ngamajukeun industri leutik jeung menengah di Garut.

“Sakali deui sim kuring ngarojong pisan kana acara nu dialpukahan ku Aleyra Hotel ieu. Mudah-mudahan nu sanesna oge ngayakeun acara nu sami,” cek Rudy Gunawan.

Baca Juga: Di Palabuan Karajaan Sunda, Kapal-Kapal Niaga ti Mancanagara Larsup

Basa ditalek ku wartawan, Rudy Gunawan –kailhaman ku eta festival, ngebrehkeun yen acara keur ngahirupkeun usaha kecil menengah di Garut nyaeta Babancong Weekend Market (BWM), bakal diayakeun deui di sabudeureun Pendopo.

"Janten Babancong Weekend Market bakal dibuka deui, haratis,” pokna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x