Kawali Jadi Puseur Karajaan Sunda Galuh, Ngahiji jeung Karajaan Sunda Puseur Karajaan Pindah ka Pakuan

- 11 Februari 2023, 11:00 WIB
Salasahiji titiinggal sejarah di situ Karangkamulyan Ciamis, kungsi dipake puseur dayeuh Karajaan Galuh, samemeh dpindahkeun ka Kawali.
Salasahiji titiinggal sejarah di situ Karangkamulyan Ciamis, kungsi dipake puseur dayeuh Karajaan Galuh, samemeh dpindahkeun ka Kawali. /

GALURA -Sawatara sumber nyebutkeun Kawali jadi puseur Karajaan Sunda Galuh ti mimiti jaman Prabu Ajiguna Linggawisesa (1333-1340 M). Asalna puseur dayeuhna teh  Pakuan (Bogor).

Puseur Karajaan Sunda Galuh nu tadina di Pakuan dipindahkeun ka Kawali (Ciamis). Karangkamulyan henteu dijadikeun deui puseur karajaan.

Kawali dina jamanna kaasup wewengkon strategis lantaran pernahna di tengah-tengah segi tilu antara Gulunggung – Saunggalah (Kuningan) – Galuh (Karangkamulyan). Nu matak puseur Karajaan Sunda Galuh ti Pakuan dipindahkeun ka Kawali.

Baca Juga: Kawali, Puseur Karajaan Galuh Embaran ti Prasasti Kawali I jeung ti Carita Parahyangan

Tina kituna, ti mimiti abad ka-14, Kawali teu bisa dipisahkeun jeung Galuh oge jeung Sunda, lantaran tepi ka taun 1475, Galuh jeung Sunda ngahiji.

Tilu raja Sunda-Galuh, Rakeyan Gendang nu gelarna gelar Brajawisesa (989-1012 Masehi), Prabu Langlangbumi atawa Sang Mokténg Kerta (1065 - 1155), Mahaprabu Darmakusuma atawa Sang Mokténg Winduraja (1157 - 1175), dimakamkeun di Winduraja, Kecamatan Kawali.

Sabada Prabu Niskala Wastukanacana (1371-1475 M) tilar, Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda jadi karajaan mandiri. Karajaan direcah lantaran Prabu Niskala Wastukancana mibanda seuweu dua ti dua prameswari.

Ku seuweu Prabu Ningrat Kancana, ku Sri Baduga Maharaja, Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda dihijikeun deui, ngan puseur karajaanaana dipindahkeun ka Pakuan, ka puseur Karajaan Sunda.

Baca Juga: Arca Nandi nu Dianggap Arca Kalde, ceuk Legenda mah Jelmaan Sapi Gumarang, Menteri Pertanian Pananjung

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x