Naon sababna dipindahkeun, ceuk sakaol, Sri Baduga Maharaja teh hayang leuwih ngamajukeun maritim. Pakuan Pajajaran deukeut ka palabuan Sunda Kalapa.
Sunda Kalapa salahsahiji palabuan nu badag jeung penting di Pulo Jawa. Ari Kawali jauh ka palabuhan. Palabuhan nu kawilang deukeut jeung Kawali, palabuan di Cirebon henteu kawas palabuan Sunda Kalapa.
Hanjakalna, nu ngaganti Sri Baduga, Surawisesa, teu sanggupeun mertahankeun Sunda Kalapa nu ahirna direbut ku Cirebon.
Dina mangsa pamarentahanana, Surawisesa mindeng perang. Karajaan bawahan Pajajaran rea nu baruntak kaasup Kawali.
Baca Juga: Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat
Pangna karajaan wilayah Pajajaran loba nu baruntak lantaran nganggap Surawisesa teu bogeun hak pikeun neruskeun tahta karajaan.
Anu boga hak jadi raja mah Sunten Jaya nu dina carita pantun Mundinglaya Dikusumah dicaritakeun nyulik pipamajikaneun Mundinglaya.
Ku sabab Kawali teu jadi deui puseur karajaan, kakuatan militerna kurang pisan. Atuh Cirebon bisa ngarebut wilayah Kuningan, Talaga jeung Rajagaluh.
Kawali ahirna jadi wilayah Cirebon. Pikeun nyalametkeun titinggal Karajaan Galuh, rea patilasan dirobah sajarahna, jadi aya patalina jeung Cirebon.***