Arca Nandi nu Dianggap Arca Kalde, ceuk Legenda mah Jelmaan Sapi Gumarang, Menteri Pertanian Pananjung

- 8 Februari 2023, 11:30 WIB
Arca Nandi nu ku masarakat disangka kalde, tepi ka situsna dingaranan Batu Kalde. Ceuk dina legendana mah jelmaan Sapi Gumarang.
Arca Nandi nu ku masarakat disangka kalde, tepi ka situsna dingaranan Batu Kalde. Ceuk dina legendana mah jelmaan Sapi Gumarang. /

GALURA -Naon sababna situs titinggal jaman prasejarah jeung jaman sejarah di Pananjung Pangandaran ku masarakat dingaranan Batu Kalde?

Di antara balok-balok batu aya patung sato nu dianggap siga kalde (bhs. Ind.: keledai), sato kawas kuda tapi pendek jeung leutik. Ku sabab kitu ku masarakat Pananjung Pangandaran disarebut Batu Kalde.

Padahal arca nu siga kalde nu ngalantarankeun situsna dingaranan Batu Kalde teh saenyana mah arca Nandi, kandaraanana Dewa Siwa.

Baca Juga: Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, Titinggal Jaman Prasejarah jeung Jaman Sejarah

Ceuk legenda di Pananjung Pangandaran, Nandi atawa ceuk masarakat Pangandaran Kalde teh Sapi Gumarang, nahkoda nu ngajirim sapi nu sakti mandraguna.

Sasakalana kieu: hiji mangsa eta nahkoda diutus keur meuli pare ka wewengkon Karajaan Galuh  nu puseur dayeuhna di Ciputrapinggan. Ngan ku Prabu Linggawisesa, raja Galuh, rayat teu diidinan ngajual pare lantaran sasadian pare tacan nyumponan pangabutuh rayat di Karajaan Galuh.

Nahkoda wera pisan. Dirina ngarobah jirimna jadi Sapi Gumarang pikeun ngaruksak pare. Boh pare nu aya keneh di sawah boh nu geus diteundeun di leuit jadi ruksak alatan kaserang hama.

Prabu Linggawisesa ngajurung seuweuna, Sulanjana, sina neangan Sapi Gumarang pikeun dipenta tanggung jawabna jeung kudu ngabantuan Karajaan Galuh dina ngungkulan hame pare.

Baca Juga: Gedong Sate cenah mah Diadegkeun dina Lahan Urut Karaton, Karatonna Mindeng Kawenehan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x