GALURA - Dina momen miéling Hari Pers Nasional (HPN) 2023, Kepala Dinas Komunikasi dan Informatika (Diskominfo) Kabupaten Bandung Yudi Abdurahman miharep insan pers bisa terus ngaronjatkeun luang.
"Utamina dina mayunan kaayaan nu sagala rupi teu tiasa disinglar. Sim kuring miharep insan pers tetep eksis,” ceuk Yudi di Soreang, kamari.
Yudi ogé miharep kamitraan jeung pers terus manteng, tepi ka program-program kagiatan nu dilaksanakan ku Bupati Bandung pikeun ngutamakeun karaharjaan masarakat bisa kasosialisasikeun.
"Mugia ieu kamitraan teras nganteng, kajaga kalawan saé bari langkung ditingkatkan," pokna.***