Simulasi Nyanghareupan Bencana Alam keur Budak Sakola Digelar di Garut

- 12 Februari 2023, 13:30 WIB
412 siswa SDN Pataruman IV Garut aub kana kagiatan keur nyanghareupan atawa ngungkulan bencana alam nu remen kajadian di Garut/Siskominfo Garut
412 siswa SDN Pataruman IV Garut aub kana kagiatan keur nyanghareupan atawa ngungkulan bencana alam nu remen kajadian di Garut/Siskominfo Garut /

 

GALURA - TEU kurang ti 412 siswa SDN Pataruman IV Garut aub kana kagiatan keur nyanghareupan atawa ngungkulan bencana alam nu remen kajadian di Garut, Saptu nu anyar kaliwat.

Dina eta acara nu dijudulan “Sosialisasi dan Pelatihan Sekolah Siaga Bencana” teh, ratusan siswa tembong sarumanget kacida nalika dilatih nyanghareupan musibah alam nu kajadianna teu disangka-sangka di palataran sakola, di Jalan Terusan Pembangungan Kacamatan Tarogong Kidul.

Ari nu ngalatihna nyaeta Garuda Rescue kalawan gawe bareng jeung Pemerintah Kabupaten (Pemkab) Garut tur ngalibetkeun Mahasiswa Pecinta Alam ti Wahana Pecinta Alam (Wapalam) Fakultas Ekonomi (Fekon) Universitas Garut (Uniga) jeung Gerhana Fakultas Ilmu Sosial Ilmu Politik (FISIP) Uniga.

Baca Juga: SMK Mekarmukti Cijayana Garut Boga Toko Dingaranan SMK Mart, Ieu Harepan Wakil Bupati Helmi Budiman

Baca Juga: 442 Rutilahu di Garut Baris Meunang Stimulan nu Gedena Rp 17,5 juta, dina Raraga Hari Jadi ka-210 Kota Intan

Baca Juga: Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi

Ka wartawan, Kapala SDN Pataruman IV Ariana ngebrehkeun, ningali sumangetna barudak dina eta acara, ngaku bungah kacida. Komo sabada acarana lumangsung luyu jeung rarancang mah.

Ariana ngaku, awitnamah manehna hariwang siswa kurang ngabageakeun eta acara. Komo sabada pas acara dibuka, barudak kawas nu sarieun jeung bingung mah.

“Tapi alhamdulilah murangkalih teh saterasna mah bangun nu resep dina ngiring edukasina. Murangkalih oge paham nu kedah dilakukeun mun pas aya di kekas atawa di mana wae, aya bencana,” pokna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x