SMK Mekarmukti Cijayana Garut Boga Toko Dingaranan SMK Mart, Ieu Harepan Wakil Bupati Helmi Budiman

- 11 Februari 2023, 15:25 WIB
WAKIL Bupati Garut dr. Helmi Budiman miharep siswa SMK Mekarmukti di Desa Cijayana Kacamatan Mekarmukti, Garut mibanda jiwa bisnis jeung usaha nu hade/Diskominfo Garut
WAKIL Bupati Garut dr. Helmi Budiman miharep siswa SMK Mekarmukti di Desa Cijayana Kacamatan Mekarmukti, Garut mibanda jiwa bisnis jeung usaha nu hade/Diskominfo Garut /

GALURA - Wakil Bupati Garut dr. Helmi Budiman miharep siswa SMK Mekarmukti di Desa Cijayana Kacamatan Mekarmukti, Garut mibanda jiwa bisnis jeung usaha nu hade.

Ku kituna, sabada lulus ti SMK, para siswa siap ngajalankeun bisnis atawa wirausaha, henteu ngudag wae hayang jadi pagawe nagri atawa pausahaan swasta.

Eta hal teh ditepikeun ku Helmi Budiman nalika ngaresmikeun SMK Mart, hiji media diajar usaha siswa SMK Mekarmukti, Jumaah nu anyar kaliwat.

Baca Juga: Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi

Baca Juga: Aleyra Festival Garutan 2023 Diayakeun, Ieu Cek Bupati Garut Rudy Gunawan

Baca Juga: Dua Wangunan di Cinyawar Talegong Garut Kareumpeukan Tatangkalan Nepi ka Burakrakan, Untung Taya Korban

“Ayana SMK MART mudah-mudahan janten tempat diajar bisnis atanapi wirausaha para siswa,” cek Wakil Budi Garut dr. Helmi Budiman.

Helmi Budiman netelakeun, di SMK MART tea, para siswa bisa diajar sawatara hal patalina jeung usaha atawa dagang nu bakal payu.

Di antarana, diajar nyusun barang dagangan di toko nu bisa narik perhatian konsumen, diajar jadi kasir tur ngitung duit nu asup, oge ngasah feeling soal barang nu dipikahayang ku konsumen di sabudeureun tempat usaha.

Baca Juga: Alun-Alun Garut, Diropea tapi Merenah Keneh Disebut Alun-Alun, Ciri Hasna Teu Leungit

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x