Desa Kersamanah (3) Gegedug Gorombolan nu Gangas Serah Bongkoan ka Lurah Yahya

- 6 Agustus 2023, 06:00 WIB
Kepala Desa Kersamanah, Kabupaten Garut, dicangking ku Muhammad Yahya Tholib atawa  Lurah Yahya, gegedug gorombolan serah bongkokan ka dirina.
Kepala Desa Kersamanah, Kabupaten Garut, dicangking ku Muhammad Yahya Tholib atawa Lurah Yahya, gegedug gorombolan serah bongkokan ka dirina. /Cecep KS/Galura

GALURA -Taun 1949, Kepala Desa Kersamanah, Kabupaten Garut, dicangking ku Muhammad Yahya Tholib, nelah di masarakat ngaranna Bapa Lurah Yahya. Inyana seuweuna Uyut Hamdan. Ibuna ngaranna, Uyut Kiti. Uyut Hamdan, seuweuna opat: Idris, Yahya, Soja jeung Enur.

Samemeh jadi Kepala Desa Kersamanah, Kabupaten Garut, Lurah Yahya teh pulisi di Bandung. “Mangsa jadi pulisi, pun aki teh kungsi tugas di Aceh jeung di Padang, mulang deui tugas di Bandung, tepi ka pangsiunna tuluy jadi Kades Kersamanah, ” ceuk Awang Ridwan, salah saurang incuna.

Mancen jabatan Kepala Desa Kersamanah, Kabupaten Garut, Lurah Yahya nyanghareupan Belanda nu hayang ngajajah deui. Tambah deui jebul gorombolan pimpinan Kartosuwiryo.

Baca Juga: Jadwal Dalang Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan Agustus 2023

Baca Juga: Desa Kersamanah (2) Tadina Leuweung Gerotan, Panonoban Rampog jeung Garong

Baca Juga: Desa Kersamanah (1) Eyang Sacarudin ti Demak Nutur-nutur Hiberna Manuk Titiran

Alatan gorombolan  nu dipingpin ku Kartosuwiryo, teu saeutik, warga Kersamanah nu jadi korban, harta bandana dirampog, nyawana ditandasa.

Matakna, dina kaayaan kahirupan keur sarwa genting, rahayat Desa Kersamanah, ngarungsi ka daerah Lewo, Malangbong, Bandrek, Cibatu jeung ka Limbangan.

Nyerang gorombolan

“Meh saban peuting, Pa Lurah Yahya, ngaroris kaayaan wargana di sawatara tempat pangungsian, “ ceuk Ojon Harjono nu lahirna taun 1930, di Kampung Ciarog nu ku masarakat Wa Ojon.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x