Jadwal Dalang Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 Bulan Agustus 2023

- 5 Agustus 2023, 11:08 WIB
Bulan Agustus 2023,  jadwal Dadan Sunandar Sunarya ti Putra Giri Harja 3  dina bulan Agustus 2023 kerep pisan.
Bulan Agustus 2023, jadwal Dadan Sunandar Sunarya ti Putra Giri Harja 3 dina bulan Agustus 2023 kerep pisan. /Poto: FB/

GALURA – Dina bulan Agustus 2023, jadwal Dadan Sunandar Sunarya Putra Giri Harja 3 padet pisan. Eta wae ieu seuweu Asep Sunandar Sunarya suwargi manggungna teh sababaraha kali noron unggal peuting tur tempatna ti hiji panggungan ka panggungan sejenna jarauh.

Bulan Agustus 2023 jadwal Dadan Sunandar Sunarya teu manggungna ukur 7 poe. Dadan Sunandar Putra Giri Harja 3 reureuhna teh salila 24 poe mah ti beurang. Kitu deui nayaga jeung sindenna. Kru sejenna unggal poe kudu ngangkut kotak wayang gamelan jeung propert sejenna.

Pangna jadwal Dadan Sunandar Sunarya unggal bulan panggunganana kerep, kaasup bulan Agustus 2023,  lantaran beuki kalandep ku masarakat. Nu matak Putra Giri Harja 3 nu dipingpin ku Dadan Sunandar Sunarya, alumni Prodi Bahasa dan Sastra Sunda FIB Unpad Jatinangor Sumedang kakoncara pisan.

Baca Juga: Wayang

Baca Juga: Ki Darman, Urang Jawa nu Munggaran  Nyieun Wayang Golek di Tatar Sunda

Baca Juga: Galeri Abah Djani di Museum Wayang Purwakarta, Wayang Golek Wanda Purwakarta

Beuki dieu dina ngadalang, Dadan Sunandar Sunarya beuki asak jeung beuki anteb. Malah mah mindeng nyurahaan kaayaan jaman ayeuna, kaasup dina pulitik. Boh langsung boh teu langsung sok ngiritik ka pamarentah, atuh nu lalajo sarukaeun lantaran asal kawakilan kereteg hatena,

Dina bulan Agustus 2023, jadwal Dadan Sunandar Sunarya dimimitian ti Desa Luragungtonggoh, Kecamatan Luragung, Kabupaten Kuningan (01/08/2023). Pere sapoe, manggung deui di Lembang, Kabupaten Bandung Barat (03/08/2023).

Ti tanggal 3 tepi ka 7 Agustus 2023, manggungna noron unggal peuting. Di Karawang, Cianjur, Kota Bandung, sarta manggung di Karawang deui. Tanggal 9 Agustus manggung di Kabupaten Bogor.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah