Desa Kersamanah (7, Rengse), Jagong, Jagang, Alatan Parebut Wates

- 10 Agustus 2023, 05:52 WIB
Makam Eyang Sacaruddin di Calingcing Kersamanah Garut (Poto Asep).
Makam Eyang Sacaruddin di Calingcing Kersamanah Garut (Poto Asep). /Cecep KS/Galura

Baca Juga: Desa Kersamanah (6), Puramanggala Turunan Majapahit, Diarah-Arah ku Belanda, Ahirna Dumuk di Kersamanah

Nya tepi ka kiwari, di wilayah Desa Nanjungjaya lega pisan. Ngan lahanna mah lolobana milik urang Desa Kersamanah. Ieu nu dimaksud jagong ku Eyang Sacaruddin teh. Desa Nanjungjaya mah jadi katempatan wungkul, jagang.

Palebah ngaran Kersamanah, Undang masih poekeun, saha nu mimiti mere ngaran Kersamanah. Bisa jadi, ceuk Undang, ngaran Kersamanah teh, beunangna Eyang Sacaruddin.

“Nurut kana riwayat, Kampung Ciarog, Kampung Pasanggarahan jeung Kampung Sundulan, eta kabeh ngaran lembur di Kersamanah, nu mere ngaran lemburna Eyang Sacaruddin,” pokna. Ari Kersamanah, hartina, kersana hate atawa ridona hate.

Eyang Sacaruddin, ngabogaan baju kere, bahanna tina kulit tangkal kai, ukuranna leutik, bisa diasupkeun kana saku.

“Ngan eta baju, anehna teh, mun dipake ku jalma nu awakna jangkung gede, henteu sereg, malah ngalogoran, bajuna teh jadi meral,” ceuk Abah Oneng. Eta baju teh duka di mana ayana, ayeuna taya saurang oge nu nyahoheun.

“Mun hayang ngajaran make, kudu bebeja heula ka nu bogana, jaroh ka kuburan Eyang Sacaruddin, mun aya milikna, eta baju tangtu dibikeun,” pokna deui.

Mairan, Ustadz Mansyur, sawatara kali, cenah, ditawaran make baju kere ku nu bogana, ngan ditolak. “Proses panggihna, moal kaharti ku nu awam mah,” cek Ustadz Mangsyur. (Rengse) *** Cecep KS

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah