Anggota DPR RI KH Maman Imanulhaq Ngarojong Proses Hukum Pelecehan Seksual Miss Universe Indonesia 2023

- 10 Agustus 2023, 08:30 WIB
KH Maman Imanulhaq, Anggota DPR RI, Ngarojong Proses Hukum Pelecehan Seksual Miss Universe Indonesia 2023.
KH Maman Imanulhaq, Anggota DPR RI, Ngarojong Proses Hukum Pelecehan Seksual Miss Universe Indonesia 2023. /Ayank/Galura

GALURA - Geunjleung dugaan pelecehan seksual nu kajadian di ajang Miss Universe Indonesia 2023 ngondang kritik ti Parlemen. Anggota DPR RI, KH Maman Imanulhaq ngarojong pulisi pikeun nyusud jeung ngaproses hukum ka sakumna ulon-ulon nu kalibet.

"Simkuring ngarojong pulisi dina hal ieu Polda Metro Jaya nyusud dugaan proses hukum ka sakumna nu diduga kalibet pelecehan seksual Miss Universe Indonesia 2023," ceuk KH Maman Imanulhaq nu di DPR RI jadi anggota Komisi VIII 

Ka wartawan rengse ngeusi Pengajian Persaudaraan Istri Anggota (PIA) DPR RI di Masjid Baiturrahman Kompleks DPR RI, Jakarta Selatan, Rebo(9/8), KH Maman Imanulhaq netelakeun dugaan pelecehan seksual Miss Universe Indonesia 2023 mun bener-bener kajadian matak ngerakeun pisan.

Baca Juga: Desa Kersamanah (7, Rengse), Jagong, Jagang, Alatan Parebut Wates

Ieu pangasuh Ponpes Al Mizan Jatiwangi the manglebarkeun dugaan pelecehan seksual nu dilakukeun ku sababaraha oknum panitia nu dianggapna geus ngaruksak harkat oge martabat kaum wanoja.

"Dina warta, dugaan pelecehan dina proses body checking di tempat nembrak tur disaksenan ku sababaraha pameget. Ditambih deui sababaraha pamilon dipoto kalayan teu ngangge anggoan," pokna.

KH Maman Imanulhaq oge netelakeun agama ngamulyakeun kaum wanoja. Ieu Wakil Sekretaris Dewan Syuro DPP PKB teh nyutat hadits Nabi Muhammad SAW nu diriwayatkeun ku Ibnu Asakir: "Nu teu ngamulyakeun wanoja kajaba jalma teu mulya, jeung nu ngahinma wanoja kajaba jalma nu hina."

Balukarna tina kasus ieu, ceuk KH Maman Imanulhaq, geus ngaragragkeun miss universe nu geus mangtaun-taun digelar jeung medalkeun figur wanoja di Tanah Air.

Baca Juga: Anggota DPR RI KH Maman Imanulhaq Ngaluuhan Pagelaran Budaya Sadar Bencana di Alun Alun Sumedang

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x