Legislator PKB KH Maman Imanulhaq Wera, RSUD Ciereng Subang Nolak Pasen Rek Ngalahirkeun dina Kaayaan Kritis

- 10 Maret 2023, 09:00 WIB
KH Maman Imanulhaq kacida pisan werana, RSUD Ciereng Subang nolak Kurnaesih nu rek ngalahirkeun  bari dina kaayan kritis.
KH Maman Imanulhaq kacida pisan werana, RSUD Ciereng Subang nolak Kurnaesih nu rek ngalahirkeun bari dina kaayan kritis. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Anggota DPR RI ti dapil Jabar IX, KH Maman Imanulhaq sewot ngadenge Kurnaesih nu rek ngalahirkeun bari dina kaayaan kritis ditolak ku RSUD Ciereng Subang kalayan alesan ruang ICU pinuh. Kurnaesih jeung jabang bayina tilar di jalan basa rek dibawa ka rumah sakit di Bandung.

KH Maman Imanulhaq nu jadi anggota DPR RI ti PKB teh meredih sangkan kasus Kurnaesih diinvestigasi sarta pihak-pihak nu aya patalina jeung ieu kasus diproses hukum. KH Maman Imanulhaq  oge ngadongsok Kementerian Kesehatan ngevaluasi manajemen RSUD Ciereng Subang.

KH Maman Imanulhaq nyebutkeun kasus Kurnaesih nu ditolak ku RSUD Ciereng Subang  muka lalangse pasualan dina sistem manajeman rumah sakit. Bisa jadi lantaran urusan administratif, RS justru teu malire kasalamatan nyawa pasen. Padahal RSUD Ciereng Subang teh  rumah sakit nu pamarentah nu diwaragadan ku APBD.

Baca Juga: KH Maman Imanulhaq: Sikap PKB Tandes, Pemilu 2024 Make Sistem Proposional Terbuka

“Ulah dugi ka ieu kasus kajantenan deui, sanes mung ukur di RSUD Ciereng Subang tapi di sakur rumah sakit di urang, boh swasta boh negeri. Sedih pisan, urang teh nuju narekahan  nurunkeun tingkat kematian ibu jeung bayi, ari ayeuna aya rumah sakit, tur nu bogana pamarentah nolak pasen ibu nu bade ngalahirkeun," ceuk KH Maman Imanulhaq ka wartawan, Kemis (09/03/2023).

Ieu anggota Komisi VIII DPR RI ti Dapil Kabupaten Majalengka, Subang, jeung Sumedang teh geus ngutus timna pikeun nepungan kulawarga korban sarta nyiar info pasualan nu sabenerna.

Tetela, ceuk KH Maman Imanulhaq, ti  pangakuan salaki korban memang bener  pasen ku RSUD Ciereng Subang ditolak lantaran alesan tacan mibanda rujukan ti Puskesmas Tanjungsiang, singhoreng lain pedah ruang ICU pinuh.

Baca Juga: Ayah Lapidin, Nyantri, di Subang bari Bajuang Ngelingan jeung Ngageuing Rayat ku Lagu Kembang Gadung

"Ngaraheutan rasa kamanusiaan urang. Beut kacida pisan, ibu-ibu nu bade babaran dina kondisi nu teu walakaya di RSUD Ciereng Subang teu meunang prioritas layanan kasehatan. Simkuring ngaraoskeun benduna masarakat, ieu kasus ngaraheutan nurani publik," ceuk KH Maman Imanulhaq.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x