Kabupaten Majalengka Nyadiakeun Anggaran Rp68 Milyar keur Padat Karya Tunai, Unggal Desa Meunang Rp200 Juta

- 11 Agustus 2023, 08:00 WIB
Bupati  Majalengka ngistrenan 64 kepala desa pinilih hasil Pilkades Serentak  2023, di Pendopo Gedong Negara Majalengka (07/08/2023), Pemkab Majalengka nyadiakeun Rp68 milyar keur Padat Karya Tunai.
Bupati Majalengka ngistrenan 64 kepala desa pinilih hasil Pilkades Serentak 2023, di Pendopo Gedong Negara Majalengka (07/08/2023), Pemkab Majalengka nyadiakeun Rp68 milyar keur Padat Karya Tunai. /Ayank/Galura

 


GALURA - Bupati Majalengka, Karna Sobahi waktu ngistrenan 64 kepala desa pinilih hasil Pilkades Serentak 2023, di Pendopo Gedong Negara Majalengka (07/08/2023) nyebutkeun Pemkab Majalengka nyadiakeun Rp68 milyar keur Padat Karya Tunai.

Padat Karya Tunai, ceuk Bupati Majalengka, dilaksanakeun di 330 desa jeung 13 kelurahan, kalayan tiap desa meunang Rp200 juta rupiah. Tina kituna, kepala desa, kaasup kepala desa hasil Pilkades Serentak 2023 kudu gancang nyiapkeun eta program.

Bupati Majalengka nyebutkeun kepala desa, kaasup kepala desa hasil Pilkades Serentak 2023, dina program Padat Karya Tunai, diwajibkeun ngamotekarkeun jeung ngaubkeun sakumna masarakat.

Baca Juga: Kirab Budaya jeung Jalan Sehat nu Dipingpin ku Bupati Majalengka Dijaga Kaamaanana ku Polres Majalengka

"Ku ayana Padat Karya Tunai, masarakat di desa bakal kabantos sacara ekonomina tur diberdayagunakeun kenging padamelan sareng upah. Pangwangunanna karaos bakal kawilang hade, hasil ti pangwangunan desa bakal hade," ceuk Bupati Majalengka.

Dina eta kasemepetan, Bupati Majalengka oge nyebutkeun strategi pangwangunan kudu dimimitian ti desa.

Ceuk Bupati Majalengka, konsep desa membangun meredih sakumna kepala desa nu minangka puseur pingpinan di desa inisiatif, kreatif jeung inovatif.

"Sakumna kepala desa dipiharep tiasa ngalaksankeun dua konsep eta nu muarana dina kumaha nyiptakeun karaharjaan masarakat di desa," pokna.

Salian eta kepala desa kudu nyaluyukeun pangwangunan desa jeung pangwangunan kabupaten.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x