Sangkan Arus Mudik jeung Arus Balik Lancar, Bupati Majalengka Ngaroris Pos Pam Lebaran 1444 H

- 20 April 2023, 09:57 WIB
Bupati Majalengka, Kapolres Majalengka, ngaroris Posko Pam arus mudik jeung arus balik Lebaran 1444 H / 2024, di sababaraha tempat di wilayah Kabupaten Majalengka, Rebo (19/4/2023).
Bupati Majalengka, Kapolres Majalengka, ngaroris Posko Pam arus mudik jeung arus balik Lebaran 1444 H / 2024, di sababaraha tempat di wilayah Kabupaten Majalengka, Rebo (19/4/2023). /Ayank R Sambara/Galura


GALURA - Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd, Kapolres Majalengka, ngaroris Posko Pam arus mudik jeung arus balik Lebaran 1444 H / 2024, di sababaraha tempat di wilayah Kabupaten Majalengka, Rebo (19/4/2023).

Jam 09.30 WIB, Bupati Majalengka, Kapolres Majalengka, Sekda Majalengka, Kasdim 0617 Majalengka, Kadishub, Kadinkes, Kalak BPBD, Kasatpol PP, jeung Damkar, ngajugjug Pos Pam GGM Majalengka nu diadegkeun sangkan arus mudik jeung arus balik Lebaran 1444 lancar.

Ti dieu, Bupati Majalengka jeung Kapolres Majalengka ka Pos Pam Kadipaten, satuluyna ngaroris Pos Pam di Rest Area Cipali Km 166, pamungkas nitenan Pos Pam Terminal Rajagaluh. Bupati nyebutkeun, ngaroris Pos Pam teh dina raraga matotoskeun siapna aparat gabungan dina ngalancarkeun arus mudik jeung arus balik Lebaran 1444 H.

Baca Juga: Barokah Ramadhan, TMP bareng jeung Relawan Laskar katut Sasama Babagi Tajil di Lapas Majalengka

"Anggota tos siaga kalebet di Rest Area Cipali KM 166 dibantos CCTV nu dipasang di jalan, tiasa ngamonitor kandaraan," ceuk Bupati Majalengka.

Pamarentah Kabupaten Majalengka, lebah dieu Dinas Perhubungan geus masang rambu - rambu lalu lintas sarta petunjuk arah di sababaraha titik sarta petunjuk jalan alternatif. Salian eta PJU di titik rawan geus dihadean sarta dipasang JPU anyar.

Ditambahkeun Bupati, kawijakn satu arah dina arus mudik jeung arus balkik Lebaran 1444, ngabantu dina ngarengsekeun mun macet total. Sangkan teu loba teuing nu reureuh di rest area masarkat diharepkeun reureugna giliran.

Dina eta kasempatan, Bupati Majalengka masrahkeun bantuan kadaharan jeung inuman di satiap Pos Pam nu diliwatan.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x