GALURA-Mahasiswa Universitas Kuningan (Uniku), anu diwisuda taun 2023 ieu reana 923 urang.
Tina jumlah mahasiswa ieu paguron luhur anu diwisuda teh, ngawengku mahasiswa FKIP 232 urang, FEB 341 urang.
Fak.Ilmu Kehutanan jeung Lingkungan 30 urang, FKOM 176 urang, mahasiswa FH 73 urang jeung SPs 71 urang.
Rektor Uniku, Dikdik Harjadi, nyebutkeun tina 293 mahasiswa anu diwisuda , 420 urang atawa 45% lulus nyandang predikat cumlaude.
"Wilujeng, mugia prestasi hade anu parantos kahontal, neras nanjeut dina karya anu nyata, mangfaat pikeun blarea,"ceuk Dikdik, basa wisuda mahasiswa Uniku ka-29, di Gedong Student Center (SC) Iman Hidayat Kampus I Uniku, Jalan Cut Nyak Dien, Windusengkahan-Cijoho, Kecamatan Kuningan, Rebo, (23/8/2023).***