Marching Band Gema Nada MI Winduraja, Kawali, Kabupaten Ciamis, Sumanget Mieling HUT ka 78 RI

- 17 Agustus 2023, 14:39 WIB
Marching Band Gema Nada MI Winduraja, Kawali, Kabupaten Ciamis,  memeh miluan helaran HUT 78 RI, dipoto di hareupeun Komunitas Gada Membaca.
Marching Band Gema Nada MI Winduraja, Kawali, Kabupaten Ciamis, memeh miluan helaran HUT 78 RI, dipoto di hareupeun Komunitas Gada Membaca. /galura.pikiran-rakyat.com/Nanang S

GALURA –Poean mieling HUT ka 78 RI di wewengkon Kabupaten Ciamis ti subuh mula mendung, malah seterusna mah hujan ngaririncik. Tapi keur Marching Band Gema Nada MI Winduraja, Kawali, teu jadi halangan miluan helaran tingkat Kecamatan Kawali nu dipuseurkeun di Taman Surawisesa.

Marching Band Gema Nada MI Winduraja, Kawali Kabupaten Ciamis, nu miluan helaran dina raraga ngareuah-reuah HUT ka 78 RI teh aya 62 siswa. Memeh miang ka kacamatan ngumpul heula di Komunitas Gada Membaca.

Ti dinya Marching Band Gema Nada MI Winduraja leumpang ngajugjug ka Taman Surawisesa Kawali Kabupaten Ciamis bari pinuh sumengat ngahaleuangkeun lagu-lagu perjoangan. Diaping ku Hari Rais Alqori, S.Pd, kepala MI Winduraja jeung dewan guru MI Winduraja.

Baca Juga: Legislator Gerindra Ir. Aep Dedi: Kamerdekaan Kudu Ngabungahkeun Masarakat

Marching Band Gema Nada miluan upacara bandera tepi ka lekasanana. Rengse upacara bandera marulang, angger leumpang, angger bari ngahaleuangkeun lagu-lagu perjoangan. “Mudah-mudahan parasiswa janten generasi nu mibanda tanggung jawab kana majuna agama, bangsa jeung nagara,” ceuk Hari Rais Alqori, S.Pd.****

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x