Dilaksanakeun ku Sentra Wyata Guna Bandung Kemensos Nyalurkeun ATENSI

- 15 Agustus 2023, 17:01 WIB
Kepala Sentra Wyata Guna Bandung, Iri Sapria..
Kepala Sentra Wyata Guna Bandung, Iri Sapria.. /Galura.pikiran-rakyat.com/Sopandi

GALURA- Kementerian Sosial  (Kemensos) nu dilaksanakeun ku Sentra Wyata Guna Bandung nyalurkeun Bantuan Asistensi Rehabilitasi Sosial (ATENSI) ka 167 warga Kota Bandung, di Auditorium Sentra Wyata Guna Bandung, Salasa (15/8/2023).

Bantuan ATENSI teh keur nyumponan 
kabutuhan dasar, nutrisi, kalengkepan sakola jeung alat bantu disabilitas; korsi roda CP, korsi roda traveling, korsi roda standar, tongkat Adaptif, Walker, alat bantu pangrungu, katut HP kalawan total kana Rp182.743.572,-.

Iwal ti nyalurkeun ATENSI, nu oge dina raraga mièling Hari Anak Nasional (HAN), lobana 30 urang, budak diarahkeun kana kaulinan ku metode terapi asertif jeung kelompok, tur dituyun kana ngasuh budak patali bullying ogè kekerasan seksual nu ditepikeun sacara langsung ku pagawè sosial di palataran olahraga Sentra Wyata Guna Bandung.

Baca Juga: Rapat Teknis Kebudayaan 2023 Balai Pelestarian Kebudayaan Wilayah IX, Tarekah Ngamajukeun Kabudayaan

Salasahiji pagawè sosial Sentra Wyata Guna Bandung, Rohmah Noviani miharep kolot bisa komunikasi jeung anakna turta mèrè kabèbasan ka budak pikeun ngunhjabkeun perasaanana.

"Yuswa 12 taun ka luhur tos paham fungsi reproduksi, mana nu teu kèngèng dirampa atanapi diteuteup ku nu sanès. Cara nganggo anggoan ogè kedah diperhatoskeun” pokna.

Kepala Sentra Wyata Guna Bandung, Iri Sapria nètèlakeun, bantuan ATENSI nu disalurkeun teh hasil tina data Fasilitasi Akses dina taun 2022, sakaligus bingbingan pangasuhan panyinglar bullying jeung kakerasan seksual ka barudak nu dimimitian ti kolotna.

Iri miharep bantuan teh aya mangfaatna. "Mugia ieu bantosan  mangfaat kanggo Bapa Ibu sadayana, ” ceuk Iri Sapria.

Kepala Bidang Rehabilitasi Sosial Kota Bandung, Irvan Alamsyah nètèlakeun, warga nu ngarandapan masalah sosial perlu direhabilitas.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x