Para Petetan Jawara Nulis di SDN Lebakwangi 01 Arjasari Kabupaten Bandung

- 13 September 2023, 11:00 WIB
Umar Rasyha Ardiansyah jeung Naira Zulfa Tamara kelas 5 SDN Lebakwangi 01 Kacamatan Arjasari Kabupaten Bandung jadi juara nulis jeung maca aksara Sunda dina FTBI tigkat Kecamatan Arjasari Kabupaten Bandung.
Umar Rasyha Ardiansyah jeung Naira Zulfa Tamara kelas 5 SDN Lebakwangi 01 Kacamatan Arjasari Kabupaten Bandung jadi juara nulis jeung maca aksara Sunda dina FTBI tigkat Kecamatan Arjasari Kabupaten Bandung. /Emha/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kagiatan nulis jeung maca oge ulikan aksara Sunda kaciri nguniangna di sababaraha sakola dasar, hususna di Kabupaten Bandung, wewengkon Kecamatan Arjasari. Sebut weh SDN Lebakwangi 01, anu teu mubah ngagecek di antara siswa-siswina dina widang maca jeung nulis.

Hal ieu dibuktikeun ku megarna para juara nulis dina kagiatan Nulis jeung Maca Aksara Sunda dina Festival Tunas Bahasa Ibu (FTBI) tingkat Kacamatan Arjasari anu lumangsung di Komplek SDN Arjasari 1 & 2, Saptu (09/09/2023).

Umar Rasyha Ardiansyah jeung Naira Zulfa Tamara kelas 5 SDN Lebakwangi 01 Kacamatan Arjasari Kabupaten Bandung, buktina. Ieu siswa-siswi jadi juara kahiji dina Lomba Nulis jeung Maca Aksara Sunda dina FTBI tingkat Kacamatan Arjasari.

Baca Juga: SLB C YSDP Bagor Rancah jeung SLB C Cijeungjing Kabupaten Ciamis Dinegrikeun

Ku unggulna jadi juara dina FTBI tingkat Kacamatan Arjasari, Naira Zulfa Tamara jeung Umar Rashya Ardiansyah miboga hak maju kana FTBI tingkat Kabupaten Bandung anu rencanana rek digeder-peterkeun antara bulan September-Oktober 2023.

Naira Zulfa Tamara lahir di Padalarang, putri pasangan Yadi Mulyadi-Nia Kurniawati ti Komplek Terrace Pelangi Blok B 14 RT 01 RW 17 Desa Baros Kacamatan Arjasari. Umar Rashya Ardiansyah cikal ti pasangan Ade Ardiansyah-Yofi Yulia Rachman, dumuk di Komplek Lebakwangi Asri Blok B3 No. 53 RT 08 RW 13

Kepala SDN Lebakwangi 01, H. Euis Mariam, S. PD miharep dua siswa-siswina jadi juara di tingkat Kabupaten Bandung, tug tepi ka bisa lolos ka FTBI tingkat Jawa Barat.

SDN Lebakwangi 01 dina lomba tingkat kacamatan ieu, munggaran ngiangkeun pamilon Lomba Nulis jeung Maca Aksara Sunda boh putrana, boh putrina, di sagigireun lomba nembang pupuh anu tara tinggaleun sok diiluan bari nyugemakeun, ku mindengna jadi "jawara".

Baca Juga: Wisuda ka-29 Uniku, 40 Persen Lulus Nyandang Predikat Cumlaude

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah