GALURA.CO.ID –Acara bedah buku anyar karya Gol A Gong Duta Baca Indonesia, I Am A Survivor jeung Tips Menulis Kisah Inspiratif digelar Komunitas Gada Membaca, Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat, Senen (21/8/2023).
Gelaran bedah buku I Am A Survivor karya panganyarna Gol A Gong Duta Baca Indonesia jeung Tips Menulis Kisah Inspiratif di Komunitas Gada Membaca Kabupaten Ciamis dimimitian ku galindengna Bella Shelina maca puisi basa Indonesia. Bella teh salasaurang relawan Gada Membaca.
Ti dinya diteruskeun ku bedah buku I Am A Survivor jeung Tips Menulis Kisah Inspiratif. Panyaturna: Gol A Gong Duta Baca Indonesia nu ngahaja datang ti Banten ka Kawali jeung Daniel Mahendra CEO penerbit Epigraf, kalayan panumbu catur Rifki Ahmad Fauzi, Ketua Pengurus Daerah Forum TBM Kabupaten Ciamis..
Baca Juga: Merdeka Membaca di Komunitas Gada Membaca Kabupaten Ciamis, Ngaubkeun Warga
Heryana, Camat Kawali, ngabageakeun pisan ku digelarna bedah buku I Am A Survivor jeung Tips Menulis Kisah Inspiratif kalayan panyaturna Gol A Gong Duta Baca Indonesia. Inyana miharep kagiatan saperti kitu mindeng dilaksanakan di Komunitas Gada Membaca.
Disela-sela acara, Komunitas Gada Membaca masrahkeun kadeudeuh ka masarakat rajin maca nginjeum buku. Kadeudeuhna teh buku I Am A Survivor karya Gol A Gong Duta Baca Indonesia.
Kagiatan bedah buku jeung Tips Menulis Kisah Inspiratif dipungkas ku maca sajak Sunda nu dibacakeun ku Tati Herawati. Pamilon ieu kagiatan 63 urang: guru, siswa, mahasiswa, nu ngokolakeun Taman Bacaan Masyarakat (TBM).
Pamilon sejenna: pangurus Forum TBM Kabupaten Ciamis, Camat Kawali, Bunda Literasi kecamatan, kader PKK, penyandang disabilitas jeung relawan Komunitas Gada Membaca.*** Ghalib Anugrah, relawan Gada Membaca